Emih galing
Emih nyaéta adonan ipis tur panjang anu geus digulung, digaringkeun, tuluy di masak dina cai nu ngagolak.[ 1] Urang Italia , Tionghoa , jeung Arab mangrupa nagara anu nyiptakeun emih, sanajan tulisan anu kahot ngeunaan emih ayana di Dinasti Han Timur , antara taun 25 jeung 220 Maséhi .[ 1] Oktober 2005 , emih kahot anu umurna 4.000 taun kapanggihna di Qinghai , Tiongkok .[ 1]
Rupa-rupa emih
Ilaharna emih digolongkeun jadi dua nyaéta emih garing jeung emih baseuh.[ 2] Unggal nagara miboga rupa-rupa emih, kalayan bahan, bentuk jeung rasa anu béda, di antarana:
Bihun —emih asalna ti Tiongkok, bahan bakuna tipung béas .[ 3]
Dangmyeon —emih asalna ti Korea , dari tepung ubi jalar .[ 3]
Fettuccine —emih asalna ti Italia , mirip spageti, gépéng tur leuelus dibandingkeun linguine .[ 3]
Ifu mie —emih asalna ti Tiongkok , tipung tarigu (gandum ).[ 3]
Kwetiau —emih asalna ti Tiongkok, tipung béas.[ 3]
Linguine —emih asalna ti Italia mirip spageti , gépéng tur leuleus.[ 3]
Makaroni —emih asalna ti Italia, dibeulahan parondok melengkung tur aya bolongan di tengahna.[ 3]
Memil guksu —emih asalna ti Koréa , ti buckwheat , sarua jeung soba .[ 3]
Mi Cina —emih asalna ti Tiongkok, bahana tina tipung tarigu.[ 3]
Misoa —emih asalna ti Tiongkok, bahana tina tipung tarigu.[ 3]
Mi instan .[ 3]
Mi sagu , tipung sagu.[ 3]
Olchaengi guksu —emih asalna ti Koréa tina tipung jagong , asalna ti provinsi Gangwon-do di Koréa Selatan .[ 3]
Ramén —emih asalna ti Jepang .[ 3]
Reshteh —emih asalna ti Timur Tengah .[ 3]
Soba —emih asalna ti Jepang, warnana kacoklatan tina tipung buckwheat .[ 3]
Somyeon - emih asalna ti Koréa tina tipung gandum, bentukna ipis mirip sōmen '.[ 3] '
Soun —emih asalna ti Tiongkok, tina tipung kacang héjo .[ 3]
Spageti —emih asalna ti Italia.[ 3]
Spätzle —emih asalna ti Jerman warnana konéng lir endog .[ 3]
Udon —emih asalna ti Jepang, tina tipung tarigu.[ 3]
Wai Wai —emih asalna ti India .[ 3]
Bakmi Pundong atawa emih jawa —emih asalna ti jawa , Indonésia , tina tipung sampeu .[ 3]
Tingali ogé
catetan