Balap motor Grand Prix nyaéta kajuaraan balap motor utama, nu geus dibagi jadi tilu kelas saprak usum 1990: 125cc, 250cc jeung MotoGP. Kelas nu geus dieureunkeun nyaéta 350cc jeung 50cc/80cc.[1] Kajuaraan Dunya balap jalan aspal Grand Prix diadegkeun dina taun 1949 ku badan pangalola olahraga, nyaéta Fédération Internationale de Motocyclisme (FIM), sarta nyaéta balap motor Kejuaraan Dunia nu pangkolotna nu kungsi aya.[2]
Aya opat kelas kajuaraan dimimitian taun 1949; 500cc, 350cc, 250cc sarta 125cc. Kelas 50cc geus diwanohkeun taun 1962 . Alatan ngaronjatna waragad nu ngabalukarkeun sajumlah produsén ninggalkeun kajuaraan, FIM ngawates motor 50cc pikeun séher tunggal, motor 125cc jeung 250cc diwates 2 séher sarta motor 350cc jeung 500cc diwates 4 séher. Kelas 350cc teu diteruskeun taun 1982; dua taun saterusna kelas 50cc diganti ku kelas 80cc, nu geus teu dituluykeun taun 1989. Dina taun 2002, motor 990cc ngaganti motor 500cc sarta kelas diganti ngaran jadi MotoGP.[3] Motor 600cc ngaganti motor 250cc taun 2010, kalayan ngaganti nagaran jadi Moto2.[4]
Giacomo Agostini, kalayan 15 kali kameunangan, panglobana meunang kajuaraan dunya. Ángel Nieto kadua kalayan 13 kajuaraan dunya sarta Valentino Rossi, Mike Hailwood jeung Carlo Ubbiali nyaéta tilu urang kalayan 9 kali juara dunya.[5] Agostini nyekel rekor pikeun kameunangan panglobana di kelas 500cc/MotoGP sarta kelas 350cc classes kalayan dalapan kali jeung tujuh kali juara dunya. Phil Read jeung Max Biaggi meunang panglobana kajuaraan kelas 250cc / Moto2, kalayan 4 kali kameunangan. Nieto meunang panglobana kajuaraan kelas 125cc jeung kelas 50cc/80cc kalayan 7 kali sarta 6 kali kameunangan.[6]
Bibliograpi
Umum
Spécsifik