Sistem tiket online, ngalayanan pamesenan langsung di lokét sarta kartu single trip/multi trip Commuter Line.
Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass, husus KA jarak jauh/manengah.
Stasion ieu ogé sok disebut Stasion Béos atawa Stasion Kota, sanajan ngaran asli ieu stasion téh nyaéta Stasion Batavia-benedenstad, tuluy ti saprak jaman Jepang di Indonésia, mimiti dipaké ngaran Djakarta (Stasion Jakarta aslina, ngarujuk ka ieu stasion). Ngaran "Stasion Kota" ogé bisa ngarujuk ka Stasion Surabaya Kota.
Stasion Jakarta Kota kiwari jadi kontrovérsi ku lantaran rék dirénovasi kalawan nambahan rohangan komérsial. Padahal ieu stasion geus jadi cagar budaya. Salian ti wangunanna anu heubeul, stasion ieu mangrupa stasion tujuan ahir lalampahan karéta. Saperti Stasion Surabaya Kota atawa Stasion Semut di Surabaya nu sarua-rua cagar budaya, anu rék dirénovasi ogé.
Sajarah
Jaman baheula, bakating ku kasohorna ieu stasion, ngaranna kungsi dijadikeun hiji acara ku stasion télévisi swasta. Tapi, meureun ngan saeutik warga Jakarta nu apal naon harti Béos anu geuningan loba vérsina.
Nu kahiji, ngaran Beos numutkeun kana ngaran stasion Batavia BOS Bataviasche Oosterspoorweg Maatschapij (Maskapé Angkutan Karéta Api Batavia Wétan), anu nempatan tempat éta saacan dibongkar.[3] Pausahaan ieu mangrupa pausahaan karéta api swasta anu matalikeun Batavia jeung Kedunggedéh. Vérsi nu lian, nyebutkeun yén Béos téh asalna tina kecap Batavia En Omstreken, anu hartina Batavia jeung sabudeureunana, anu asalna tina fungsi ieu stasion minangka puseur transportasi karéta api anu matalikeun Kota Batavia jeung kota-kota séjén saperti Bekassie (Bekasi), Buitenzorg (Bogor), Parijs van Java (Bandung), Karavam (Karawang), jeung sajabana.[4]
Sabenerna, aya kénéh ngaran séjén pikeun Stasion Jakarta Kota, nyaéta Batavia Zuid anu hartina Stasion Batavia Kidul.[3] Ngaran ieu aya ku lantaran di abad ka-19, Batavia geus boga leuwih ti dua stasion karéta api. Aya Stasion Batavia Noord (Batavia Kalér) anu perenahna di kiduleun Museum Sajarah Jakarta ayeuna. Batavia Noord mimitina dipiboga ku karéta api Nederlandsch-Indische Spoorweg Maatschappij atawa NIS, sarta mangrupa stasion terminus pikeun jalur Batavia-Buitenzorg. Di taun 1913 jalur Batavia-Buitenzorg ieu dijual ka pamaréntah Hindia Belanda tuluy dikokolakeun ku Staatsspoorwegen. Harita, wewengkon Jatinegara jeung Tanjung Priok can asup gementee Batavia.[4]
Batavia Zuid, mimitina diwangun kira-kira taun 1887, tuluy ditutup di taun 1926 pikeun dirénovasi jadi wangunan anu aya kiwari. Salila ieu stasion diwangun, layanan karéta api dipindahkeun ka stasion Batavia Noord. Kira-kira 200 méter ti stasion nu ditutup, diwangun Stasion Jakarta Kota nu ayeuna. Pangwangunanna bérés di tanggal 19 Agustus1929 sarta sacara resmi digunakeun di tanggal 8 Oktober1929. Acara pikeun ngaresmikeunna dilakukeun gedé-gedéan kalawan nguburkeun sirah munding ku Gubernur Jéndraljhr.A.C.D. de Graeff anu maréntah di Hindia Walanda di taun 1926-1931.[5]
Jalma anu ngarancang ieu stasion nepi ka méwahna nyaéta arsiték Walanda kalahiran Tulungagung, 8 Séptémber1882, nyaéta Frans Johan Louwrens Ghijsels.[4] Bareng jeung babaturanana, di antarana Hein von Essen jeung F. Stolts, manéhna ngadegkeun biro arsitéktur Algemeen Ingenieur Architectenbureau (AIA). Karya biro ieu bisa ditempo ti gedung Departemen Perhubungan Laut di Medan Merdéka Timur jeung Rumah Sakit PELNI di Petamburan anu duanana aya di Jakarta sarta Rumah Sakit Panti Rapih di Yogyakarta.
Stasion ieu pas jaman kolonial aya dua, nyaéta Batavia NIS (Batavia Noord) jeung Batavia BOS (Batavia Zuid)[3]. Sanggeus dua stasion éta dibeuli ku pamaréntah kolonial, pausahaan karéta api nagara Staatsspoor en Tramwegen, boga rarancang rék ngawangun stasion gedé nu anyar dina tanah Stasion Batavia BOS anu ditutup di taun 1923. Gantina, stasion Batavia Noord urut NIS anu jarakna 200 méter ka arah kalér jadi stasion utama pikeun ngalayanan panumpang. Di taun 1926, stasion urut BOS mimiti dibongkar. Pangwangunan ieu mangrupa proyék nagara, jadi Burgerlijke Openbare Werken, (Departemén Pagawéan Umum Hindia Walanda), ilubiung dina pangwangunanana.
Stasion Béos mangrupa karya Ghijsels anu dipikawanoh minangka Het Indische Bouwen nyaéta "hasil kawin" antara struktur jeung téhnik modérn barat anu dihijikeun jeung wangun tradisional. Kalawan dibungkus ku art deco, rancangan Ghijsels ieu siga nu basajan, tapi éndah. Luyu jeung filosofi Yunani Kuna, basajan nyaéta jalan pangpondokna pikeun nyiptakeun kaéndahan.[4]
Kiwari
Stasion Jakarta Kota ayeuna geus jadi cagar budaya liwat surat kaputusan Gubernur DKI Jakarta No. 475 taun 1993. Sanajan masih kénéh dioperasikeun, di ditu di dieu katingali bagian anu kurang kaurus. Kaayaanna ogé kausik ku ayana warta pangwangunan mal di luhureun wangunan stasion. Kabersihanana ogé kurang kaurus, loba runtah di rél-rél karéta. Salian ti éta, loba jalma nu nyicingan sisi rél deukeut stasion anu ngurangan ajén éstétika stasion ieu. Ayeuna, Pihak KAI liwat Unit Pelestarian Benda dan wangunan Bersejarah geus ngamimitian nata stasion ieu.
Wangunan jeung tata letak
Stasion ieu mimitina boga dua welas jalur karéta api kalawan jalur 4 jeung 5 minangka sepur lempeng jalur ganda ka arah Kampung Bandan handap-Pasar Senén-Jatinegara, jalur 8 jeung 9 minangka sepur lempeng jalur ganda ka arah Kampung Bandan luhur-Tanjung Priuk, sarta jalur 11 jeung 12 minangka sepur lempeng jalur ganda layang ka arah Gambir-Manggarai. Tapi, pikeun saheulaanan jalur 1 ditutup ku lantaran péronna eukeur dirénovasi anu engkéna bakal dipaké pikeun rohangan tunggu panumpang babaraha karéta api jarak jauh jeung manengah anu eureun di stasion ieu. Di beulah wétan-kalér ieu stasion aya dipo karéta api anu matali jeung jalur 10.
Salasahiji hal nu unik tina stasion ieu nyaéta wangunan péronna mirip jeung nu di Stasion Jember, anu mangrupa kanopi nu manjang kalawan hateupna ngabentuk hurup V anu ditopang struktur kantilever kolom tunggal tinu baja.
Stasion Jakarta Kota ogé minangka tempat istirahat saheulaanan pikeun babaraha karéta api jarak jauh saacan disiapkeun kaberangkatanna di Gambir jeung di Stasion Pasar Senén.
Stasion ieu dirénovasi di taun 2019, salasahijina mangrupa nambahan rohangan tunggu anyar pikeun karéta api jarak jauh.[6]
Ti tanggal 29 Méi 2019, tilu karéta api jarak jauh jeung manengah anu asalna tujuan ahirna di Stasion Pasar Senén, ayeuna geus dipindah ka Stasion Jakarta Kota.[8]
Ieu jadwal karéta api anu eureun di Stasion Jakarta Kota per 1 Désémber 2019 (sesuai Gapéka 2019). Jadwal karéta api ieu ngan ngabahas karéta api non-KRL.[9]
Di tanggal 26 Désémber2014 jam 06.30, lokomotip CC201 79R (89 07) nabrak péron di Stasion Jakarta Kota, pas ngalangsir rangkéan karéta api Argo Parahyangan. Lokomotip éta ngaleuwihan wates aman pikeun eureun, anu matak lokomotip luncat kaluar rél tuluy ngaruksak lantéy péron. Euweuh korban jiwa dina kajadian ini.[10]
↑ abcMurti Hariyadi, Ibnu; Basir; Pratiwi, Mungki Indriati; Ubaidi, Ella; Sukmono, Edi (2016). Arsitektur Bangunan Stasion Karéta Api di Indonesia. Jakarta: PT Karéta Api Indonesia (Persero). pp. 1 – 14. ISBN978-602-18839-3-8.