|
---|
|
Stasion Blitar ditempo ti hareup, taun 2014 |
Lokasi | Jalan Mastrip 75 , , Blitar, Jawa Wétan, 66111 Indonésia |
---|
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 8°06′05″S 112°09′46″E / 8.1012675°S 112.1627659°E / -8.1012675; 112.1627659Koordinat: Citakan:Country abbreviation 8°06′05″S 112°09′46″E / 8.1012675°S 112.1627659°E / -8.1012675; 112.1627659 |
---|
Luhur | +167 m |
---|
Operator | Daérah Operasi VII Madiun |
---|
Letak ti pangkal | km 122+895 lintas Bangil-Blitar-Stasion Kertosono[1] |
---|
Jumlah péron | 3 (satu peron sisi yang rendah dan dua peron pulau yang cukup tinggi) |
---|
Jumlah jalur | 8 (jalur 2: sepur lurus) |
---|
Sejarah |
---|
Dibuka | 1882[2] |
---|
Operasi layanan |
---|
|
|
Layanan |
---|
Gajayana (régulér jeung tambahan), Malabar, Malioboro Éksprés, Majapahit, Singasari, Matarmaja (régulér jeung tambahan), Brantas (régulér jeung tambahan), Kahuripan, Dhoho, dan Penataran |
Fasilitas jeung téknis |
---|
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén, ngalayanan pamesenan langsung/parobahan jadwal tikét/pabolayan tikét di lokét. Aya pasilitas ala bandara nyaéta check-in mandiri pikeun nyétak boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh/manengah. |
---|
|
Lokasi dina peta |
---|
Stasion Blitar (BL) (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮘᮣᮤᮒᮁ atawa Basa Jawa: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦧ꧀ꦭꦶꦠꦂ , Sêtasiyun Blitar) nyaéta stasion karéta api anu perenahna di Kepanjénkidul, Kepanjénkidul, Blitar. Stasion anu luhurna +167 méter ieu asup ka Daérah Operasi VII Madiun. Di stasion ieu aya dipo karéta jeung jambatan pamuter lokomotip anu perenahna di kidul stasion. Stasion ieu miboga dalapan jalir karéta api, jalur 2 jadi sepur lurus, ditambah hiji jalur ka aréa dipo.
Saenggeus stasion ieu dirénovasi di taun 2013-2014, di sakuriling dinding ruang tunggu aya poster poto-poto gedé Présidén RI nu kahiji, Soekarno, sarta sagala kisah hirupna. Tujuanna, salian ti ngingetkeun yén Bung Karno dimakamkeun di Kota Blitar, nyaéta pikeun ngajak masyarakat sangkan inget kana kapahlawananna.
Ti mimiti 1 Agustus 2016, lantaran aya parobahan koordinasi kawilayahan stasion-stasion KA milik PT Kereta Api Indonesia, stasion ieu sarta stasion Talun jeung Garum anu saacanna asup kana wilayah Daérah Operasi VIII Surabaya, ayeuna asup ka wilayah Daérah Operasi VII Madiun.[3]
Layanan karéta api
Kelas éksekutip
Gajayana (régulér jeung tambahan), jurusan Gambir via Madiun-Solo-Yogyakarta-Purwokerto-Cirebon jeung jurusan Malang
Kelas campuran
Kelas ékonomi AC plus
Kelas ékonomi AC
Lokal ékonomi AC
Jadwal karéta api
Ieu jadwal karéta api anu eureun di Stasion Blitar per 17 Juli 2017 (révisi Gapéka 2017).
Keterangan:
Lamun KA Dhoho ti Surabaya liwat Kertosono datang di stasion ieu, jadi karéta éta bakal genti ngaran jadi KA Penataran jeung nuluykeun lalampahan ka Surabaya deui liwat Malang. Kitu ogé sabalikna, mun KA Penataran ti Surabaya liwat Malang datang di stasion ieu, ngaranna bakal genti jadi KA Dhoho jeung nuluykeun lalampahan ks Surabaya deui liwat Kertosono.
- PLB Tambahan (beroperasi pas keur lebaran, natal-taun anyar, atawa kadang-kadang di ahir pekan)
Galéri
-
Jalan ka Stasion Blitar (tahun 1900-an)
-
Gerbong anu keur
stabling di Stasion Blitar pas aya hujan lebu ku sabab
Gunung Kelud bitu, 1919
-
Foto balaréa siswa Hogere Kweekschool Bandung pas keur ngahadiran lomba atlétik di Blitar
-
Kantor postel jeung Stasion Blitar
-
Péron Stasion Blitar, 2017
Rujukan
Tumbu kaluar