Ieu kota geus kasohor ti jaman baheula kalayan ngaran Wiryé-seong (위례성/慰禮城, nalika jaman Baékjé), Hanju (한주/漢州, nalika jaman Silla), Namgyeong (남경/南京, nalika jaman Goryeo), Hanseong (한성/漢城, nalika jaman Baékjé jeung jaman Joseon), Hanyang (한양/漢陽, nalika jaman Joseon), Gyéongséong (경성/京城, nalika jaman penjajahan).[28] Ngaran nu kiwari mah asalna tina kecap basa Koréa nu hartina "ibu kota," nu dipercaya diturunkeun tina kecap Seorabeol (서라벌/徐羅伐), nu asalna nujul kana Gyeongju, ibu kota Silla.[29] Séoul boga loba ngaran tangtu aya alesanana. Nalika dijajah ku Jepang, "Hanseong" (漢城) diganti ngaran ku "Gyeongseong" (京城) sangkan teu patukeur jeung karakter "漢" sabab nujul ogé ka urang China. Dina kanyataanana mah, ngaran kuna Séoul, Hanséong 漢 asalna boga harti "Gedé" atawa "Lega". Pamaréntah Jepang mutuskeun pikeun nganti ieu karakter ti 漢 jadi 京 sangkan rahayat henteu saralah nganggap yén Séoul boga hubungan jeung urang China.
Pakampungan di wewengkon Walungan Han, tempat perenahna Séoul kiwari, geus mimiti ditempatan ti kira-kira taun 4000 SM.[33]
Séoul munggaran kacatet minangka Wiryeséong, ibu kota Baékjé (ngadeg taun 18 SM) di béh kalér wétan wewengkon Séoul.[33] Aya sababaraha pinding dayeuh nu nyésa di ieu wewengkon nu nuduhkeun tanggal harita. Pungnaptoseong, pinding béh wétan di saluareun Séoul, dipercaya ku balaréa minangka loka Wiryeéséong utama.[34] Alatan Tilu Karajaan marebutkeun wewengkon nu stratégis ieu, kadali pindah ti Baékjé ka Goguryeo dina abad ka-5, sarta ti Goguryéo ka Silla dina abad ka-6.
Dina abad ka-11 Goryeo, nu ngaganti Silla Ngahiji, ngawangun hiji karaton usum panas di Séoul, nu dianggap "Ibu kota Kidul". Ti saprak harita, Séoul jadi hiji panganjrekan nu beuki leuwih lega.[33]
Nalika Joseon ngaganti Goryéo, ieu ibu kota pindah ka Séoul (katelah ogé Hanyang sarta satuluyna Hanséong), nu tumuluy nepi ka runtagna ieu dinasti. Karaton Gyeongbok, nu diwangun dina abad ka-14, dipidangkeun minangka panyicingan karajaan tepi ka taun 1592. Karaton gedé lianna, Changdeokgung, diwangun taun 1405, dipidangkeun minangka karaton karajaan utama ti taun 1611 tepi ka 1872.[33]
Tadina mah ieu kota téh sagemblengna dikurilingan ku pinding batu pikeun ngamankeun wargana tina sato galak, nu maling katut serangan ti luar. Ieu kota tuluy tuwuh ka saluareun éta pinding tur sok sanajan pindingna geus euweuh ogé (kajaba di sapanjang Gunung Bugaksan (북악산), di béh kalér wewengkon puseur dayeuh[35]), gapurana mah nyésa kénéh di deukeuteun tengah kota Séoul, kaasup Sungnyémun (ilaharna kasohor minangka Namdaémun) katut Honginjimun (ilaharna kasohor minangka Dongdaémun).[36] Salila dinasti Joséon, ieu gapura dibuka jeung ditutup unggal poé, dibarengan ku sora loncéng gedé di munaraBosingak .[37]
Dina abad ka-19 ahir, sanggeus ratusan taun kaisolasi, Séoul muka gapurana keur urang deungeun tur mimiti dimodérenkeun. Séoul jadi dayeuh munggaran di Asia Wétan nu ngawanohkeun listrik di karaton karajaan, diwangun ku Edison Illuminating Company[38] tur sapuluh taun sanggeusna Séoul nerapkeun ogé lampu jalan.[39]
lolobana kamekaran Séoul nyaéta alatan perdagangan jeung nagara deungeun kayaning Perancis katut Amérika Sarikat. Contona baé, Seoul Electric Company, Séoul Electric Trolley Company, and Séoul Fresh Spring Water Company kabéhanana mangrupa pausahaan nu dipiboga babarengan ku Koréa katut Amérika.[40] Dina taun 1904, salah saurang urang Amérika nu ngaranna Angus Hamilton ngadatangan ieu dayeuh tur nyarita, "Jalan di Seoul mah haradé, lalega, bareresih, pikatajieun tur saluran caina ogé ogé hadé. Lajur nu hareureut jeung kotor geus dilegaan, solokanana geus ditutup, atuh jalan rayana ogé geus dilalegaan. Seoul téh geus kairong bakal jadi dayeuh panghadéna, pangpikatajieun, jeung pangberesihna di wewengkon Wétan."[41]
Sanggeus perjangjian anéksasi dina taun 1910, Kakaisaran Jepang ngajajah Koréa sarta ngaganti ngarang ieu dayeuh jadi Gyeongseong ("Kyongsong" dina basa Cina atawa "Kéijo" dina basa Jepang). Téhnologi Jepang diimpor, pinding dayeuh dipiceun, sababaraha gapura diancurkeun. Jalan diubinan sarta wangunan gaya Kulon diwangun. Ieu dayeuh diliberalisasi dina mangsa ahir Perang Dunya II.[33]
Dina taun 1945 mah ieu dayeuh téh resmi dingarangan Séoul tur diputuskeun minangka kota istiméwa taun 1949.[33]
Salila Perang Koréa, sababaraha kali Séoul pundah-pindah leungeun antara angkatan bersenjata Koréa Kalér nu dibéking ku Rusia/Cina, jeung Koréa Kidul nu dibéking ku Amérika Sarikat, nu nyababkeun ieu dayeuh ruksak parna sanggeusna perang. Ibu kota sawatara waktu mah dipindahkeun heula ka Busan.[33] Ceuk salah sahiji perkiraan ngeunaan kaayaan ruksakna Séoul mah, sahanteuna 191.000 wangunan, 55.000 imah, katut 1.000 pabrik rata jeung taneuh. Katambah deui, banjir pangungsi geus asup ka Seul nalika perang, nyababkeun kamekaran jumlah pangeusi ieu dayeuh katut wewengkon mtropolitanana nepikeun ka kurang leuwih 1.5 yuta jiwa taun 1955.[42]
Sanggeusna perang, Séoul mimiti fokus kana ngarékonstruksi jeung ngamodérnisasi. Alatan ékonomi Koréa mimiti tuwuh kacida rongkahna ti saprak taun 1960-an, urbanisasi ogé beuki gancang sarta para pagawé mimiti narempatan Séoul katut dayeuh gedéliana.[42] Ti taun 1970-an, ukuran wewengkon administratif Séoul beuki ngalegaan pisan alatan nyokot sababaraha kota leutik katut désa ti sababaraha county sabudeureunana.[43]
Dumasar kana data sénsus taun 2012, populasi wewengkon Séoul geus kira-kira 20% tina total populasi Koréa Kidul,[44] Séoul geus ngajadi puseurna ékonomi, pulitik katut budaya di ieu nagara,[33] kalayan sababaraha pausahaan Fortune 500, kaasup Samsung, SK Holdings, Hyundai, POSCO katut LG Group nu kantor puseurna di dinya.[45]
Séoul perenahna di béh kalér kulon Koréa Kidul. Legana 605,25 km2,[1] kalayan radius kurang leuwih 15 km (9 mi), nu sacara gurat badag kabagi jadi wewengkon kalér jeung kidul nu dipisahkeun ku Walungan Han. Ieu walungan katut wewengkon sabudeureunana boga pancén nu kacida pentingna dina sajarah Koréa. Tilu Karajaan Koréa kacida merjuangkeun pikeun bisa ngadalikeun ieu lemah, sabab ieu walungan mangsa harita mah dipaké keur jalur dagang ka Cina (ngaliwatan Laut Konéng).[46] Ieu walungan kiwari henteu bisa dipaké deui keur balayar alatan muharana aya dina wates antara dua Koréa nu henteu beunang sagawayah jelema sipil bisa larsup. Ieu dayeuh diwatesan ku dalapan gunung, kaasup lemah pangluhurna dina daratan Walungan Han jeung wewengkon béh kulon.
Séoul boga iklim transisional buana beueus/subtropis (klasifikasi iklim KöppenDwa/Cwa), kalayan karakteristik iklim di antara duanana. Salila bulan Nopémber–Méi, iklim Séoul leuwih deukuet kana iklim buana (kontinén) sedengkeun nalika usum panas mah, iklim di ditu kawas iklim subtropis nu ngandung unsur iklim baseuh/garing tropis. Usum panas mah ilaharna panas jeung beueus, dibarung ku angin muson Asia Wétan ti Juni tepi ka Séptémber. Sedengkeun kira-kira bulan Agustus mah, nu mangrupa bulan pangpanasna, boga suhu rata-rata 22.4 to 29.6 °C (72 to 85 °F) malahan mah bisa jadi leuwih ti éta. Dina usum tiis mah mindeng kacida nyecep tepi ka bekuna kalayan suhu rata-rata dina bulan Januari tepikeun ka −5.9 to 1.5 °C (21.4 to 34.7 °F) sarta ilaharna leuwih garing ti batan nalika usum panas, kalayan rata-rata 28 poé saljuan unggal taunna. Kadang-kadang, hawa turun kacida dramatisna tepi ka sahandapeun −10.0 °C (14.0 °F), malah bisa nepikeun ka −15.0 °C (5.0 °F) sanajan arang ogé, nyaéta nalika mangsa tengah usum tiis antara Januari jeung Pébruari.
Data iklim pikeun Seoul (normal 1981–2010, ékstrim 1913–kiwari)
Séoul kabagi jadi 25 gu (구; 區) (distrik).[50]Gu béda-béda legana (ti 10 tepi ka 47 km2) katut populasina (ti leuwih saeutik ti 140,000 tepikeun ka 630,000). Songpa boga jumlah warga nu panglobana, sedengkeun Séocho mah wewengkonna panglegana. Pamaréntahan unggal gu nyekel loba fungsi nu dicekel ogé ku pamaréntahan kota di yurisdiksi lianna. Unggal gu kabagi jadi "dong" (동; 洞) atawa lingkungan. Sababaraha gu ukur boga saeutik dong sedengkeun lianna saperti Distrik Jongno mah jumlah lingkunganana kacida lobana. Gu di Séoul ngawengku 423 dong administratif (행정동).[50]Dong kabagi deui jadi 13,787 tong (통; 統), nu satuluyna kabagi deui jadi 102,796 ban.
Proper Séoul kasohor ku kapadetan populasina, nu ampir dua kalieun New York sarta dalapan kalieun Roma. Wewengkon métropolitanana mangrupa nu pangpadetna di Asia taun 2012 dumasar kana OECD, tur kadua di dunya sanggeus Paris.[51] Ampir sakabéhna warga Séoul nyaéta urang Koréa, kalayan saeutik urang Cina, urang Jepang, katut minoritas ékspatriat. Dina bulan Désémber 2013, populasina 10.14 yuta,[52] taun 2012, populasina 10,442,426.[53] Ahir Juni 2011, 10.29 yuta warga Républik Koréa cicing di ieu kota. Turun .24% dbandingkeun ahir 2010. Populasi Séoul terus turun ti awal 1990-an, sabab cicing di Séoul mah mahal, katambah ku ngolotanana populasi.[52]
Jumlah urang asing nu nganjrek di Séoul nyaéta 255,501 urang dina taun 2010 dumasar kana sumber resmi Séoul.[54] Dina bulan Juni 2011, 281,780 urang deungeun nganjrek di Séoul. Di antara eta, 186,631 urang deungeun (66%) mangrupa warga urang Cina ti karuhun urang Koréa. Naek 8.84% ti ahir 2010 jeung 12.85% ti Juni 2010. Kelompok panggedéna deui nyaéta warga Cina nu lain suku Koréa; 29,901 di antarana cicing di Séoul. Kelompok panggedéna deui nyaéta 9,999 urang warga Amérika Sarikat nu lain turunan Koréa. Satuluyna nyaéta warga Républik Cina (Taiwan), 8,717 urang.[55]
Ageman
Ageman di Seoul (2005)[56]██ Teu boga ageman (46.2%)██Protestan (22.8%)██Buda (16.8%)██Katolik (14.2%)
Dua ageman utama di Séoul nyaéta Kristen jeung Buda. Ageman lianna kaasup Muisme (ageman karuhun) katut Konghucu. Séoul mangrupa tempat jama'ah Kristen panggedéna di dunya, Yoido Full Gospel Church, nu boga anggahota kira-kira 830,000 urang.[57]
Dumasar kana sénsus taun 2005, tina sakabéh urang Séoul, 39% ngagem Kristen (22.8% Protéstan jeung 14.2% Katolik) jeung 16.8% ngagem Buda.[56] 46.2% tina ieu populasi lolobanaana henteu boga ageman atawa ngagem Muisme jeung ageman asli lianna.
Séoul mangrupa puseur bisnis katut kauangan di Koréa Kidul. Sanajan legana ukur 0.6 persén tina sakabéh wewengkon daratan nasional, Séoul ngahasilkeun 21 persén tina GDP ieu nagara taun 2006.[58] Taun 2008, indéks Worldwide Centers of Commerce ngaréngking Séoul minangka No.9.[59]Global Financial Centres Index taun 2012 ngadaptar Séoul minangka kota pangkompetitifna ka-6 sadunya sacara finansial.[60]The Economist Intelligence Unit ngaréngking Séoul minangka nu ka-15 dina daptar "Overall 2025 City Competitiveness" ngeunaan daya saing kota ka hareupna.[61]
Pabrik
Industi pabrik nu tradisional jeung intensif maké karyawan geus sacara tuluy tumuluy diganti ku industri tipeu téhnologi informasi, éléktronis jeung assembly,[62][63] tapi, produksi dahareun jeung inuman mah, kawas percitakan katut penerbitan masih nyésa di antara industri inti.[62] Pabrik nu garedé mah kantor puseurna aya di ieu kota, kayaning Samsung, LG, Hyundai, Kia katut SK. Pausahaan dahareun jeung inuman nu kasohor kaasup Jinro, nu nyieun inuman alkoholan soju nu sumebar ka sakuliah dunya, geus ngéléhkeun vodkaSmirnoff;[64] pabrik bir panglobana ngajual Hite (ngahiji jeung Jinro) jeung Oriental Brewery.[65] Ieu kota ogé mangrupa tempatna raksasa dahareun saperti Seoul Dairy Cooperative, Grup Nongshim katut Lotté.
Kauangan
Konséntrasi gegedéan pausahaan-pausahaan internasional kantor puseurna aya di Séoul.[66]Korea Exchange Bank ogé kantor puseurna aya di ieu kota. lolobana kantor puseur bank katut Korea Exchange perenahna di Yeouido (Pulo Yéoui),[62] nu mindeng disebut "Wall Street Koréa" tur geus midang minangka puseur finansial ieu kota ti taun 1980-an.[67]
Pasar grosir katut écéran panggedéna di Koréa Kidul, nyaéta Pasar Dongdaémun, perenahna di Séoul.[68]Myeongdong nyaéta wewengkon pangbalanjaan katut hiburan di puseur dayeuh Séoul kalayan toko kelas panengah tepi ka kelas luhur, butik pakéan katut outlét mérek internasional.[69]Pasar Namdaémun deukeuteunana, nu dingaranan dumasar kana Gapura Namdaémun, mangrupa pasar pangkolotna di Séoul nu kiwari masih dipaké.[70]Sinchon nyaéta wewengkon pangbalanjaan nu disadiakeun keur nonoman katut mahasiswa universitas.[71]
Jajantung tradisional Séoul nyaéta dayeuh kolot Dinasti Joseon, nu kiwari jadi wewengkon puseur karaméan, nu mana di éta wewengkon ngumpul karaton, kantor pamaréntahan, kantor puseur pausahaan, hotél, katut pasar tradisional. Cheonggyécheon, wahangan nu ngamalir ti kulon ka wétan ngaliwatan léngkob saméméh tuluy ngamuhara ka Walungan Han, keur sababaraha taun mah katutupan ku beton, tapi ahirna dibalikkeun deui ngaliwatan proyék kabangkitan kota taun 2005.[78] Jalan Jongno, nu hartina "Jalan Loncéng," geus mangrupa hiji jalan utama tur salah sahiji jalan komérsil pangbiharina di ieu dayeuh,[79][80] nu mana di dinya bisa kapanggih Bosingak, hiji paviliun nu eusina loncéng gedé. Éta loncéng nyirénan wanci nu béda-béda sapanjang poé tur ngaadalikeun opat gapura ka ieu dayeuh. Di béh kaléreun puseur karaméan aya Gunung Bukhan, tur di kiduleunana aya Namsan nu leuwih leutik. Tuluy ka béh kidul aya pipir dayeuh nu geus kolot, nyaéta Distrik Yongsan jeung Distrik Mapo. Sapanjang Walungan Han aya wewengkon nu leuwih anyar jeung makmur nyaéta Distrik Gangnam, Distrik Seocho katut wewengkon sabudeureunana.
Arsitéktur dumasar sajarah
Séoul mibanda sababaraha tempat penting sacara sajarah katut budaya. Di Loka Pamukiman Prasajarah Amsa-dong, Distrik Gangdong, sésa-sésa néolitikum kakali jeung teu kahaja katimu alatan banjir taun 1925.[81]
Perencanaan urban jeung sipil mangrupa konsép utama nalika Séoul mimiti dirarancang keur ngajadi ibu kota dina ahir abad ka-14. Dinasti Joseon ngawangun "Lima Karaton Agung" di Séoul – Changdeokgung, Changgyeonggung, Deoksugung, Gyeongbokgung katut Gyeonghuigung – sakabéhna aya di Distrik Jongno jeung Distrik Jung. Di antara sakabéh éta, Changdéokgung asup kana Daptar Warisan Dunya UNESCO taun 1997 minangka "conto rarancang arsitéktur karaton katut taman di Wétan Jauh nu pinunjul". Karaton utama mah, nyaéta Gyeongbokgung, keur ngalaman proyék réstorasi gegedéan.[82] Ieu karaton-karaton téh dianggap arsitéktur percontoan tina mangsa Joséon. Di sagédéngeun karaton, Unhyeongung kasohor minangka tempat cicingna Bupati Daéwongun, bapana Kaisar Gojong dina ahir Dinasti Joséon.
Séoul dikurilingan ku pinding nu diwangun keur ngatur singsaha waé nu baris nganjang ti wewengkon séjén sarta pikeun ngajaga dayeuh tina serangan musuh. Pungnap Toseong mangrupa hiji pinding taneuh rata nu diwangun dina juru Walungan Han nu dipercaya ku balaréa minangka mandalana Wiryéseong. Ari Mongchon Toseong (몽촌토성; 蒙村土城) mah nyaéta pinding taneuh liana nu diwangun nalika mangsa Baékjé nu kiwari perenahna di sajeroeun Taman Olimpiade.[34]Bénténg Seoul diwangun dina mangsa Dinasti Joséon munggaran keur ngajaga ieu dayeuh. Sanggeus sababaraha abad ruksak jeung diwangun deui, kiwari nyésa kurang leuwih 2/3-na, kaasup genep tina dalapan gapura nu asli. Gapura-gapura ieu kaasup Sungnyémun jeung Heunginjimun, nu kiwari ilaharna disebut Namdaémun (Gapura Gedé Kidul) jeung Dongdaémun (Gapura Gedé Wétan). Namdaémun mangrupa gapura kai pangkolotna tepikeun ka kajadian aya nu ngaduruk taun 2008, tur kiwari dibuka deui sanggeu réstorasina réngsé taun 2013.[83] Di deukeuteun ieu gapura aya pasar tradisional katut puseur pangbalanjaan panggedéna, Pasar Namdaémun jeung Pasar Dongdaémun.
Aya ogé loba wangunan nu dijieun kalayan gaya mancanagara dina ahir abad ka-19, awal abad ka-20. Gapura Kamerdikaan diwangun taun 1897 keur méré ilham ngeunaan pentingna boga sumanget kamerdikaan. Stasion Seoul dibuka taun 1900 minangka Stasion Gyéongséong.
Séoul boga infrastruktur nu maju sacara téhnologi.[87][88] Boga pénétrasi pita legaserat kaca pangluhurna sadunya, nu ngahasilkeun konéksi internét panggancangna sadunya tepi ka 1 Gbps.[89][90] Séoul nyadiakeun aksés Wi-Fi gratis di luar rohangan. Proyék 47.7 miliar won ($44 yuta) ieu baris méré aksés keur warga katut nu ngaranjang di 10.430 taman, jalan katut patempatan publik lianna taun 2015.[91]
Di Séoul aya 115 musieum,[92] kaasup di antarana tilu musieum nasional katut salapan musieum kota. Musieum Nasional Koréa mangrupa musieum nu henteu ukur ngawakilan Séoul, tapi ogé ngawakilan sakabéh Koréa Kidul. Ti saprak ngadeg taun 1945, ieu musieum geus ngawangun koléksi mangrupa 220,000 artefak.[93] Dina Oktober 2005, ieu musieum pindah ka wangunan anyar di Taman Kulawarga Yongsan. National Folk Museum perenahna di dadasar KaratonGyeongbokgung di Distrik Jongno District tur maké réplika obyék sajarah pikeun ngilustrasikeun sajarah bangsa Koréa.[94]Bukchon Hanok Village jeung Namsangol Hanok Village mangrupa wewengkon panganjrekan heubeul nu ngandung imah, taman katut musieum tradisional Koréa hanok nu méré kasempetan keur turis pikeun ngarasakeun budaya Koréa tradisional.[95][96]
Tugu Perang, salah sahiji tina salapan musieum kota di Séoul, nawarkeun pangalaman édukasional katut émosional ka nu nganjanganana, ngeunaan rupa-rupa perang nu ngalibetkeun Koréa, kaasup jejer Perang Koréa themes.[97][98]Pangbuian Seodaémun mangrupa hiji urut pangbuian nu diwangun salila penjajahan Jepang, tur kiwari dipaké keur musieum sajarah[99]
Musieum Seni Seoul katut Musieum Seni Ilmin ngajaga rupa wangunan heubeul nu unik sacara visual tina wangunan luhur tur modéren di sabudeureunana. Saméméhna dioperasikeun ku Déwan Kota Séoul tur boga tempat deukeuteun Karaton Gyéonghuigung, karaton karajaan dinasti Joséon. Keur lolobana jalma nu mikaresep pilem Koréa mah, Arsip Pilem Koréa ngayakeun Musieum Pilem Koréa jeung Cinematheque KOFA di puseur utamana di Digital Media City(DMC), Sangam-dong. Tteok & Kitchen Utensil Museum jeung Kimchi Field Museum nyadiakeun informasi nu patali jeung sajarah kulinér Koréa.
Monumén ageman
Aya ogé wangunan rélijius nu boga pancén penting dina masarakat katut pulitik Koréa. Altar Wongudan mangrupa tempat upacara nalika para pamingpin Koréa ngayakeun ritual kasawargaan ti saprak jaman Tilu Karajaan. Ti saprak Dinasti Joseon maké Konghucu minangka idiologi nasional dina abad ka-14, ieu nagara ngawangun loba kelenténg Konghucu. Katurunan kulawarga karajaan Joséon masih neruskeun tradisi dina ngayakeun sérémoni pikeun miéling para karuhun di Jongmyo. Ieu tempat mangrupa kuil Konghucu karajaan pangkolotna nu jadi cagar tur sérémoni ritualna nuluykeun tradisi nu dijieun dina abad ka-14. Munmyo katut Dongmyo diwangun dina mangsa nu sarua. Sok sanajan Buda didedetkeun ku pamaréntahan Joséon, ieu ageman tetep aya. Jogyésa mangrupa markas gedé Ordo JogyéBuda Koréa. Hwagyésa katut Bongeunsa ogé mangrupa candi Buda di Seoul nu gedé.
Katedral Myeongdong mangrupa cicirén Myeongdong, Distrik Jung tur mangrupa garéja Katolik panggedéna nu diwangun taun 1883. Ieu garéja mangrupa lambang Katolik di Koréa. Ogé mangrupa fokus béda pamadegan pulitik taun 1980-an. Dina ieu hal, Garéja Katolik Roma kacida boga pangaruhna ka masarakat Koréa.
Dina bulan Oktober 2012 KBS Hall di Séoul jadi tuan rumah féstival musik internasional rongkah – Féstival Lagu TV katut Radio ABU munggaran dina raraga Majlis Umum Asia-Pacific Broadcasting Union ka-49 General Assembly.[100][101]Hi! Seoul Festival mangrupa hiji féstival budaya uusuman nu diayakeun opat kali sataun nalika usum semi, usum panas, usum gugur, katut usum tiis di Séoul, Koréa Kidul ti taun 2003. Ieu féstival dumasar kana "Poé Warga Seoul" nu diayakeun unggal Oktober ti saprak taun 1994 pikeun miéling sajarah 600 taun Séoul minangka ibu kota nagara. Ieu féstival diayakeun ku Pamaréntah Métropolitan Seoul. Taun 2012, Séoul geus jadi tuan rumah Ultra Music Festival Koréa, nyaéta féstival musik jeung ibing nu diayakeun dina ahir minggu ka-2 bulan Juni.[102]
Taman Namsan bisa dipaké keur hiking, rékréasi katut skyline keur ningali pemandangan tengah kota Séoul. Munara Seoul N perenahna di dieu. Taman Olimpiade Seoul perenahna di Distrik Songpa tur diwangung keur tempat Olimpiade Usum Panas taun 1988. Pagoda 10 tingkat Wongaksa perenahna di Taman Tapgol, hiji taman publik nu legana 19,599 m2 (210,962 sq ft). Wewengkon sabudeureun wahangan disadiakeun minangka tempat publik keur rélaksasi jeung rékréasi. Wahangan Tancheon katut wewengkon deukeuteunana dsadiakeun minangka taman nu lega kalayan lajur keur nu laleumpang katut nu sasarapédahan.
Cheonggyecheon, hiji wahangan nu panjangna 6 km (4 mi) ngaliwatan tengah kota Séoul, kasohor keur warga Séoul katut turis.
Séoul ogé mangrupa tempat taman hiburan jero rohangan panggedéna sadunya, Lotte World. Puseur pelesir lianna nyaéta stadion Olimpiade jeung Piala Dunya katut alun-alun balé kota.
Kleub maén bal pangkasohorna di Séoul nyaéta FC Seoul. Ieu kleub mangrupa salah sahiji kleub maén bal panghasilna di Asia. Recently, FC Séoul jadi runner-up dina Liga Champion AFC 2013.
Séoul mangrupa salah sahiji dayeuh nu infrastruktur transportasina pangmajuna sadunya nu terus kénéh dimekarkeun. Sistemna dimimitian ti mangsa Kamaharajaan Koréa, nalika réngséna jalur trém munggaran katut jalan raya nu ngahubungkeun Séoul jeung Inchéon. Jalur trém pangpentingna di Séoul sapanjang Jongno diganti ku Jalur 1 sistem subway dina awal 1970-an. Jalan penting lianna di puseur karaméan Séoul kaasup Euljiro, Téhéranno, Séjongno, Chungmuro, Yulgongno, katut Toegyéro. Aya salapan jalur subway gedé nu manjang leuwih ti 250 km (155 mi), kalayan sajalur tambahan deui nu geus dirarancang. Taun 2010, 25% populasina boga wanci pulang anting sajam atawa leuwih.
Sistem beus di Séoul dijalankeun ku Pamaréntah Métropolitan Séoul, kalayan opat konfigurasi beus primér énu sayaga keur ngaladénan lolobana tempat di ieu dayeuh. Séoul boga loba terminal antar kota atawa beus gancang nu galedé. Ieu beus ngahubungkeun Séoul jeung kota-kota di Koréa Kidul. Séoul Express Bus Terminal, Central City Terminal katut Terminal Nambu Séoul perenahna di Distrik Seocho. Minangka tambahan, Terminal Beus Séoul Wétan di Distrik Gwangjin katut Sangbong Terminal Sangbong di Distrik Jungnang dioperasikeun di béh wétan kota. Pikeun ngurangan polusi udara di wewengkon métropolitan, pamaréntah kota boga rencana pikeun ngarobah leuwih ti tujuh rébu beus nu maké mesin disel ka gas alam taun 2010.[103]
Séoul boga jajaring subway nu kompréhénsif nu ngahubungkeun unggal distrik di ieu dayeuh katut wewengkon sabudeureunana. Kalayan leuwih ti 8 yuta panumpang unggal poéna, Séoul boga sistem subway pangsibukna sadunya. Subway Métropolitan Séoul sakabéhna boga 19 jalur nu ngaladénan Séoul, Inchéon, propinsi Gyéonggi, propinsi Gangwon béh kulon, katut propinsi Chungnam béh kalér. Minangka tambahan, pikeun nyaluyukeun mangrupa-rupa moda transportasi, pamaréntah métropolitan Séoul ngagawékeun sababaraha urang ahli matématika pikeun ngoordinasikeun subway, beus, katut jadwal lalu lintas jadi tabél wanci. Sababaraha jalur dijalankeun ku Korail, Seoul Metro, Seoul Metropolitan Rapid Transit Corporation, NeoTrans Co. Ltd., AREX, katut Séoul Metro Line 9 Corporation.
Karéta api
Séoul kasambungkeun ka unggal kota gedé di Koréa ku karéta. Séoul ogé kasambungkeun ka lolobana kota gedé di Koréa ku karéta gancang KTX, nu gancang normalna leuwih ti 300 km/h (186 mph). Stasion karéta gedé di antarana:
Dua bandara internasional aya di Séoul. Bandara Internasional Gimpo, saméméhna aya di Gimpo tapi dicokot ku Séoul taun 1963, geus sababaraha taun (ti saprak konstruksi aslina nalika Perang Koréa) jadi bandara hiji-hijina nu ngaladénan Séoul. Bandara doméstik lianna ogé diwangun nalika ieu perang, kaasup Yeouido.
Sedengkeun, Bandara Internasional Inchéon geus jadi puseur transportasi gedé keur Asia Wétan, babarengan jeung Hong Kong.
Inchéon jeung Gimpo kahubungkeun ka Séoul ku jalan raya, tur di antara duanana ku Rél Karéta Bandara Internasinal Incheon, nu nyambung ogé ka Inchéon jalur #1. Gimpo ogé kahubungkeun ku subway (jalur No. 5 jeung #9). Rél Karéta Bandara Internasional Inchéon, nu ngahubungkeun ieu bandara sacara langsung ka Stasion Séoul di puseur Séoul, kakara dibuka. Beus ogé mawa panumpang antara bandara Inchéon jeung Gimpo.
Atikan diwajibkeun ti kelas 1–10. Murid baris ngaréngsékeun genep taun di sakola dasar, tilu taun di sakola panengah, jeung tilu taun deui di sakola luhur. Sakola sekundér ilaharna nyaratkeun yén muridna maraké seragam. Aya ujian kalulusan sangkan bisa lulus ti sakola luhur sarta loba murid nu baris asup ka tingkat universitas dipénta pikeun nyokot College Scholastic Ability Test nu diayakeun unggal Nopémber tapi maranéhanana henteu perlu milu.
↑"Seoul". Encyclopædia Britannica. 2009. Diakses tanggal 6 September 2009. The city was popularly called Seoul in Korean during both the Chosŏn (Yi) dynasty (1392–1910) and the period of Japanese rule (1910–45), although the official names in those periods were Hansŏng (Hanseong) and Kyŏngsŏng (Gyeongseong), respectively.
↑International Affairs Division. "Relationship with Sister Cities". International Affairs Division website. International Affairs Division, Bangkok Metropolitan Administration. Diakses tanggal 12 September 2012.Archived 11 Juni 2016 di Wayback Machine