Lauk koki (Carassius auratus auratus) nyaéta salah sahiji jenis lauk emas hias cai darat ti kulawarga Cyprinidae sarta ordoCypriniformes.[3] Lauk koki nyaéta salah sahiji lauk nu mimiti dilindeukeun, dipiara, sarta dibudidayakeun.[3] Kiwari lauk koki mangrupa salah sahiji lauk hias akuarium nu paling kasohor.[3]
Lauk koki geus ngalaman kawin silang génétika mangabad-abad.[4] Tina hasil kawin silang ieu, kiwari geus mekar rupa-rupa sarta wangun lauk koki di pasaran.[4] Asalna ti lauk emasCrucian nu sisitna kelir pérak, lauk koki geus dipiara saprak Dinasti SongChina kuna.[4] Dina mangsa Dinasti Tang, balong lauk dipopulérkeun di kalangan masarakat China, sarta miara sato ingon-ingon ieu mimiti mekar.[4]
Sajarah
Habitat aslina lauk koki nyaéta di wewengkon Chinawétan manjang ti Biéjingkalér napi ka Makau di kidul.[5] Mimitina lauk koki ieu dianggap asalna ti lauk emasCrucian Carp tapi geus dibuktikeun ku métode ilmiah modérn nyaéta ti Prusia atanapi Gibel Carp.[5]
Dina mangsa Dinasti Tang (618–907), kasohor pikeun ngaronjatkeun lauk emas di balong sarta balong taman.[7] Mutasi génétik alami nghasilkeun emas (oranyeu semu konéng) tinimbang kelir pérak.[7] Jalma mimiti ternak variétas kelir emas gaganti variétas kelir pérak, ngingu di balong atawa tempat cai lianna.[7] Dina kaayaan anu husus di mana sémah ngaharepkeun, maranéhna baris dipindahkeun kana wadah nu leuwih leutik pikeun pintonan.[7][8]
Dina mangsa Dinasti Song (960–1279), ngingu lauk koki mimiti ditetepkeun .[9] Taun 1162, permaisuri Dinasti Song maréntahkeun ngwangun balong pikeun ngingu variétas koki beureum jeung emas.[9] Dina mangsa ieu, jalma di luar kulawarga kaisar teu meunang ngingu lauk koki variétas kelir emas (konéng), konéng keur warna kaisar.[9] Ieu meureun alesanana naha leuwih loba lauk koki kelir oranyeu ti batan kelir konéng, sanajan kiwari sacara genétik gampang dibaranahkeun.[10] Lumangsungna kelir séjén (bagéan tina kelir beureum jeung emas) mimiti kacatet taun 1276.[7]
Dina mangsa Dinasti Ming (1368–1644), lauk koki ogé mimiti diingu di jero rohangan,[6] nu diidinan pikeun seléksi mutasi nu baris teu bisa nahan hirup di balong.[7] Lauk koki nu buntutna éndah kacatet dina mangsa Dinasti Ming.[7] Dina taun 1603, lauk koki diwanohkeun ka Jepang.[7] Dina taun 1611, lauk koki diwanohkeun ka Portugal ti dieu ka bagéan Éropa.[7]
Lauk koki sumebar ka Éropa.[5] Sababraha panulis awal nyebutkeun taun 1691 mimiti diwanohkeun ka Inggris, tapi hal ieu ditegeskeun sabagé hiji kasalahan.[5] Nu leuwih mungkin di abad katujuh belas atawa dina taun-taun awal abad kadalapan belas, kira-kira taun 1705.[5]
Lauk koki diwanohkeun ka Perancis ngaliwatan palabuhan Lorient kira-kira taun 1750, sarta sumerbar di Éropa dina panungtungan abad kadalapan belas.[5]
Di tengah-tengah abad kasalapan belas aya bukti-bukti lauk koki di Amérika.[5] Dina taun 1889 hiji paternakan lauk koki geus diadegkeun di Maryland, sabagéan badag paternak nu méwah dipikawanoh ku para ahli akuarium Amérika.[5]
Klasifikasi
Variétas
Lauk koki dianggap spésiés lauk nu mimiti pikeun dilindeukeun atawa diingu, lauk koki nyaéta anggota kulawarga lauk emas.[11] Lauk koki geus jadi sato ingon-ingon anu dipikaresep di sakuliah dunya, utamana urang China.[11]
Kiwari, aya kira-kira 300 paternak nu diajén di China.[6] Lolobana jenis lauk koki ayeuna asalna ti China.[6] Sababaraha variétas utama nyaéta:
Koki ilahar lolobana asalna ti lauk emas biasa, nu katempo teu jauh béda jeung karuhunna nu liar salian kelirna.[12] Lauk koki ilahar mibanda kelir oranyeu, beureum, bulao, coklat sarta kombinasi kelir lianna, ogé mibanda corak nu éndah kelir pérak atawa métalik.[12]
Teleskop Hideung nyaéta varian hideung ti Koki Teleskop nu mibanda sapasang mata nonjol.[13]Teleskop Hideung ilaharna dipikawanoh ogé minangka koki Kulit Hideung (Black Moor) dumasar kana kelir lauk.[13] Nu ngalantarankeun kelir hideung nyaéta pigmén melanik nu aya dina sisit[14].
Mata Melendung nyaéta variétas lauk koki nu teu mibanda dorsal kalayan rupa fisik ampir sarua jeung lauk koki Mata Surgawi, kacuali kantong eusi cairan nu badag.[15] Kantong kulit aya di handap sabudeureun mata sarta endeuk nalika ngojay.[15] Kantong nu eusi cai ieu bisa katojos ku hiasan akuarium nu seukeut mangka kudu ati-ati milih jenis dékorasi akuarium.[15] Ku sabab panempona nu butut, koki Mata Melendung teu bisa paboro-boro hakaneun jeung jenis koki nu lian, jadi koki Mata Melendung tong dihijikeun jeung koki nu ngojayna gancang.[15]
Varietas koki Mata Surgawi dihasilkeun tina mutasi koki Teleskop kira-kira abad ka-18. Maranéhna paling kasohor ku sabab mibanda sapasang mata nu mencrong ka luhur.[16] Mata Surgawi nu leutik kénéh mibanda mata nu normal tapi kalayan nambahna umur sarta tumuwuh, mata mimiti lalaunan nonjol sarta malik ka luhur.[16] Maranéhna mibanda awak wangun torpédo kalayan tonggong melengkung, sarta teu mibanda cécépét tonggong. Ilaharnna tumuwuh kalayan panjang kira-kira 5-6 inci.[16]
Variétas koki Komét diduga asalna ti Amérika Serikat kira-kra taun 1800an.[17] Koki Komét nyaéta koki nu buntutna panjang.[17] Variétas koki ieu mangrupa jenis nu hadé pikeun nu mimiti ngingu lauk koki.[17] Koki Komét mangrupa koki nu kuat pikeun diingu di balong atawa akuarium.[17] Komet katempo siga Koki Ilahar, kacuali cécépétna nu leuwih panjang sarta leuwih ramping.[17]
Koki Buntut Kipas geus leuwih ti sarébu taun.[18] Koki ieu nyaéta salah sahiji variétas koki nu pangkolotna, sarta masih mangrupa lauk koki nu kacida kasohor.[18] Koki Buntut Kipas nyaéta lauk koki bentuk kulon vérsi Jepang, nu dipikawanoh minangka Ryukin, nu mibanda cécépét tonggong nu jangkung, tak-tak tanpa punduk, awak ngawangun endog, sarta cécépét buntut opat kali lipet.[18]
Koki Hulu Singa mimitina dimekarkeun di China terus diwanohkeun ka Jepang dina abad ka-17 jeung ka-18.[19] Koki Hulu Singa mibanda awak rélatif pondok jeung lempeng.[19] Maranéhna nyaéta lauk koki nu teu mibanda cécépét tonggong siga koki Ranchu.[19]Wen atawa sirah tumuwuh ti koki Singachu nutupan ingsangna, pipi jeung huluna.[19] Bagéan tukang koki Singachu sada rata mun dibandingkeun jeung koki Ranchu, nu mibanda tonggong leuwih melengkung.[19]
Koki Oranda nyaéta jenis lauk koki méwah nu mibanda rupa-rupa kelir di antarana kalicko, oranyeu, beureum, bulao, coklat, parunggu, bodas, pérak, beureum-bodas, beureum-hideung, krlir panda, sarta tilu kelir. Bisa tumuwuh 8 nepi ka 12 inci.[20]Oranda dimimitian kalayan kawin silang jeung lauk koki Singaion[20].
Koki Sisit Mutiara ieu kadang dipikawanoh minangka koki Chinshurin di Jepang.[21] Mibanda awak ngawangun siga endog nu kacida siga koki Buntut Kipas.[21] Sisit Mutiara bisa tumuwuh panjangna kirs-kira 8 inci. Sisitna bisa mangrupa nacreous atawa métalik.[21] Kelir Sisit Mutiara bisa kaliko kalayan latar tukang bulao sarta kadang-kadang bercak coklat, violét, oranyeu, konéng, sarta beureum.[21]
Koki Pompom mibanda sisit nu mangrupa kombinasi kelir nacreous atawa métalik jeung kelir hideung, oranyeu, beureum, pérak, bodas, sarta bulao. Awak Pompom pondok siga koki Sirah Singa, tapi ogé mibanda septum irung nu ngagedéan kalayan cécépét nu oyag bulak-balik siga pompom keur ngojay.[22]
Koki Ryukin biasana dianggap minangka versi Jepang ti lauk koki Buntut Kipas.[23] Hal ieu diyakinkeun yén mimiti dimekarkeun di Kapulouan Ryuku.[23] Karakteristik fisik utama nu ngabédakeun Ryukin jeung koki Buntut Kipas nyaéta melengkung dina punduk atawa siga onta. Ryukin aya sababaraha kelir dimimitian ti bodas nepi ka beureum.[23] Maranéhna ilaharna tumuwuh kira-kira genep inci sarta hirup genep nepi ka sapuluh taun.[23]
Nagara asal pikeun jenis lauk koki Shubunkin nyaéta Jepang.[24] Shubunkin mibanda panampilan fisik nu kacida siga lauk koki Ilahar.[24] Maranéhna mibanda awak nu ramping kalayan cécépét nu mekar kalayan hadé. Shubunkin dimekarkeun ti varian koki Teleskop atawa Demekins.[24] Shubunkin kadang disebut lauk koki kaliko, ku sabab mibanda sisit nacreous, nu mangrupa campuran sisit transparan jeung métalik.[24]
Koki Teleskop dipikawanoh ogé minangka Demekin, Mata Dunya, sarta Mata Naga.[25] Teleskop mibanda awak sarta hulu nu siga koki Buntut Kipas, kacuali sapasang mata nu nonjol.[25] Ku sabab mata maranéhna nu unik, varietas lauk koki ieu mibanda panempo nu pohara butut jadi kudu diingu dihijikeun jeung lauk koki nu ngojayna lalaunan.[25] Maranéhna ogé kudu diteundeun dina akuarium nu teu maké hiasan nu seukeut atawa méncos.[25]
Ranchu nyaéta lauk koki nu kacida kasohor di Jepang, sarta katempo siga lauk koki Hulu Singa.[26] Dibanding jeung koki Hulu Singa, Ranchu mibanda tonggong nu leuwih melengkung sarta buntutna leuwih pondok.[26]Ranchu siga koki Hulu Singa sabab duanana nyaéta lauk koki wangun awakna siga endog sarta teu mibanda cécépét tonggong. Kamonésan nu paling nonjol ti Ranchu nyaéta huluna, nu ditutupan ku sajenis mahkota.[26]
Koki Teleskop Panda ilaharna nujul kana jenis lauk koki nui mibanda campuran kelir bodas jeung hideung dina awakna.[27] Aya 3 variasi nu béda nu aya dijual di toko akuarium.[27] Salah sahijina nyaéta Teleskop Panda kalayan sapasang mata nu siga lauk koki Teleskop. Euweuh bukti sajarah nu nunjukkeun yén lauk koki Teleskop Panda aya di alam liar dina bentuk aslina kalayan kelir hideung jeung bodas sabab sabenarna dihasilkeun ti pamekaran pinilih.[27]
Endog-lauk nyaéta lauk koki nu teu mibanda cécépét tonggong sarta mibanda awak wangunna siga endog .[34][35]
Butuh dalapan taun ti taun 1892 pikeun mancegkeun produk kawin-silang Oranda jeung Ranchu.[36] Shinosuke Matsubara, kapala Sakolah Kalaukan, ngaranan lauk koki ieu ku cara nyokot karakter ti ngaran paternak, nyaéta shu dina basa Jepang.[36] Sanggeus Perang Dunya II, maranéhna tumpur, kalahkumaha ogé, prosés mijahkeun silang nu sarua kajadian di sakuliah wewengkon, sarta maranéhna geus aya deui.[36]
Ingsang-muringkel nyaéta jenis lauk koki nu geus dimekarkeun ku panggemar, ngaran nujul kana ingsangna nu tibalik.[31][37]
Koki Tamasaba nyaéta jenis nu kacida langka nu dimekarkeun kalayan kawin silang Syounai (geus euwueh) jeung Ryukin nu buntutna dua.[38] Hasilna nyaéta lauk koki kalayan awak buleud sarta melengkung ka tukang nu mibanda cécépét bool jeung cécépét buntut tunggal.[38]
Hal ieu diyakinkeun yén Katsusaburo Suga, nyiptakeun Tosakin kalayan mijahkeun silang Osakaranchu jeung Ryukin kira-kira taun 1845 jeung 1851 (Aya ogé téori yén hal éta dilakukeun ngaliwatan mutasi Ryukin).[39]Tosakin dianggap tumpur lantaran Perang Dunya II sarta gempa bumi Nankai dina taun 1946, tapi sacara ajaib, genep di antarana kapanggih di hiji réstoran di Prefektur Kochi.[39] Dina taun 1969, Tosakin kadaptar minangka spesies nu ditangtayungan di Prefektur Kochi.[39]
Koki Teleskop Bodas nyaéta varian kelir bodas ti koki Teleskop nu mibanda awak bodas sarta sapasang mata nu nonjol.[25]
Klasifikasi Koki China
Tradisi China ngagolongkeun lauk koki kana opat jenis utama nyaéta dumasar kana karakteristik hulu, awak, cécépét buntut sarta cécépét tukang.[40]
Crucian (disebut ogé "jukut")—Koki tanpa fitur anatomi nu méwah.[40] Ieu kaasup lauk koki ilahar nyaéta varietas paling awal nu hirup di alam liar.[40] Dina hal kelir jeung gurilap, seri ieu bisa asup kana variétas: crucian jukut-bodas, crucian aurum, crucian inkertensi, crucian hideung-konéng, sarta crucian beureum-bodas.[40]
Wen—Koki ditandaan kalayan awak pondok, hulu jeung biwir méncos, beuteung buleud, mata leutik sarta datar nu henteu nonjol kaluar ti rongga orbital saperti jenis lauk koki lianna.[40]
Dragon Eye—Koki nu mibanda kaleuwihan ukuran mata, nyaéta tina jenis "seri naga", nu ditandaan kalayan awak pondok jeung kandel, cécépét tonggong, cécépét buntut badag, hulu rata sarta lebar.[40] contona, Teleskop Hideung, Mata Melendung, jeung Teleskop.[40]
Egg—Koki nu teu mibanda cecepet tonggong, sarta ilaharna mibanda wangun awak siga endog.[40]
Spésiés patali
Lauk koki nu dibaranahkeun ti lauk emas Prussian (Carassius auratus gibelio) di China, sarta ilaharna lauk kelir héjo zaitun ieu masih relatip deukeut jeung lauk koki liar .[41][42]
Biologi
Ukuran
Dina bulan April2008, lauk koki panggedéna di dunya dipercaya ku BBC diukur 19 inches (48 cm), hirup di Walanda.[43] Harita, koki dingaranan "Goldie", diingu minangka sato inguan dina bak di Folkestone, Inggris, Diukur 15 inci (38 cm) sarta leuwih ti 2 pon (0,91 kg), tur ngaranna salaku panggedéna kadua di dunya handapeun lauk Walanda.[43] Dina bulan Juli2010, lauk koki diukur 16 inches (41 cm) sarta 5 pounds (2.3 kg) ditéwak di balong di Poole, Inggris, sigana geus ngagedéan ngaleuwihan bak.[44]
Tetempoan
Lauk koki mibanda salah sahiji pancaindera nu paling kudu diulik ngeunaan panénjona.[45] Lauk koki mibanda opat rupa cone cells, nu masing-masing sénsitif pikeun kelir-kelir nu béda: beureum, héjo, bulao sarta ultraviolet.[45] Kamampuh pikeun ngabédakeun antara opat kelir primér nu béda maranéhna diklasifikasikeun minangka tetrachromats.[46]
Maraban
Idéalna lauk koki kudu diparaban sababaraha kali dina mangsa tengah poé, tapi ieu teu praktis pikeun sabagéan badag kacuali lamun ngagunakeun maraban otomatis.[47]
Sakumaha lobana parab nu kudu diparabkeun ? Paraban saeutik-saeutik heula, tingali sakumaha gancangna parab dihakan.[47] Balikan deui cara ieu, (tengetkeun, sakumaha porsi nu dihakan), nepikeun ka lauk teu daékeun ngahakan parab.[47] Terus kurangan jumlah porsi kasebut dina mangsa maraban kacuali lamun Anjeun tujuan maraban pikeun tumuwuh anu maksimal.[47]
Lauk koki di balong diparaban sakali sapoé ti awal usum semi nepi ka panungtung usum gugur.[47] Maraban dina usum tiis gumantung kana suhu cai.[47]
lauk koki dina akuarium kudu diparaban sakali sapoé ti awal usum semi nepi ka panungtungan usum gugur kacuali lamun merelukeun tumuwuh nu maksimal, maka kudu dua kali sapoé.[47]
Baranahan
Ngabaranahkeun lauk koki nyaéta pamekaran cacara alami sanggeus Anjeun miara.[48] Sanajan Anjeun geus ngarasa senang ngingu lauk koki ku cara meuli, mangrupa hiji kapuasan lamun bisa mijahkeun kalayan ngaronjatkeun kualitas binih nepikeun ka gedé.[48]
Lauk koki baris ngendog dina umur sataun, tapi umur idéalna nyaéta antara dua jeung opat taun.[48] Lauk koki nu ngora condong miceun endog leutikna, endog nu leutik ngahasilkeun anak lauk nu leutik ogé nu teu dipikaharep.[48] Lauk koki nu leuwih kolot bisa ngahsilkeun endog nu gedé.[48]
Dina satiap hasil mijahkeun baris aya sajumlah anak lauk nu nunjukkeun ciri has indukna.[48] Dina minggu-minggu mimiti kahirupanna, anak lauk mekar gancang pisan -hiji adaptasi nu lahir tina résiko dihakan ku lauk sawawa séjén di lingkungan maranéhna.[49]
Ngabaranahkeun lauk koki nyaéta prosés milih lauk sawawa pikeun réproduksi, ngamungkinkeun maranéhna pikeun réproduksi sarta ngaronjatkeun katurunan nu dihasilkeun.[50]
↑Johnson, Dr. Erik L., D.V.M. and Richard E. Hess. Fancy Goldfish: A Complete Guide to Care and Collecting, Shambhala Publications, Inc., 2001 - ISBN 0-8348-0448-4
↑ abNeumeyer, C. (2003). "Color Vision in Fishes and Its Neural Basis". Di Collin, S.P.; Marshall, N.J. Sensory Processing in Aquatic Environments. New York: Springer-Verlag. p. 223. In goldfish, as the best investigated fish species[...]
↑Neumeyer, Christa (1988). Das Farbensehen des Goldfisches: Eine verhaltensphysiologische Analyse. G. Thieme. ISBN313718701X.