Kabupatén Bandung Kulon mangrupa salah sahiji kabupatén di Jawa Kulon. Kabupatén ieu lokasina di antara 60º 41’ - 70º 19’ Lintang Selatan jeung 107º 22’ - 108º 05’ Bujur Wétan, anu legana 1,305.77 km²[7][5]. Secara umum, titik ekstrem batas wilayah Kabupatén Bandung Kulon digambarkeun dina tabél di handap
Kabupatén Bandung Kulon mangrupa daérah bukit jeung dataran rendah, dengan ketinggian di antara 0 nepi ka 2000 meter di luhureun permukaan laut, kalawan tinggi rata-ratana 110 méter. Kadéngdékan wilayah Kabupatén Bandung Kulon aya di tingkat 0-8%, 8-15%, nepi ka di luhureun 45%[8]. Morfologi Kabupatén Bandung Kulon umumna diklasifikasikeun kana pedataran, landai, perbukitan, jeung pegunungan[9]. Kabupatén Bandung Kulon kaaup kana zona iklim panas nepi ka sejuk, jeung curah hujan rata-rata na aya di 1500-4500 mm per tahunna[9]
Sejarah
Kabupatén Bandung Kulon dimekarkeun ti Kabupatén Bandung dina tanggal 2 Januari 2007, saluyu ku terbitna UU No. 12 Taun 2007 ngeunaan Pembentukan Kabupatén Bandung Kulon[10]. Wacana pamekaran Kabupatén Bandung Kulon geus aya ti tahun 1990, ku ayana Surat Keputusan Gubernur Jawa Barat No. 30 taun 1990 ngeunaan Pola Induk Pengembangan Wilayah Provinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat Dalam Jangka Panjang, anu nyebutkeun yén daérah tingkat I di Jawa Kulon dimekarkeun ti 24 jadi 42 daérah tingkat II[11][3].
Kaputusan ngeunaan pamekaran Kabupatén Bandung Kulon dikuatkeun ku munculna UU No. 22 Taun 1999 ngeunaan Pamaréntah Daérah jeung Kaputusan DPRD Kabupaten Daérah Tingkat II Bandung Nomor 5 Tanggal 21 Juli 1999 ngeunaan persetujuan awal keur Pamekaran Wilayah Kabupaten Daérah Tingkat II Bandung anu ngajawab permohonan persetujuan Pamaréntah Kabupatén Bandung dina Surat Bupati Bandung No. 132/1235/tapem ngeunaan Permohonan Persetujuan Pamekaran Wilayah Kabupatén Daerah Tingkat II Bandung. Proses pamekaran Kabupatén Bandung Barat katunda ku ayana wacana naékna status Cimahi ti Kota Administratif ka Kota Cimahi di taun 2001[3][7].
Aspirasi keur ngabentuk Kabupatén Bandung Kulon dikuatkeun ku ayana pembentukan Forum Pendukung Percepatan Pemekaran Kabupaten Bandung Barat (FP3KB) anu pupuhuna Drs. H. Endang Anwar. FP3KB diadegkeun 20 Agustus 1999[11]. Tuntutan pamekaran Kabupatén Bandung Kulon didukung ku sababaraha organisasi masyarakat, anu puncakna ngayakeun rapat akbar di Padalarang, 6 Agustus 2000, keur ngagaungkeun aspirasi pembentukan Kabupatén Bandung Kulon ka pamaréntah Jawa Kulon. Dina kaberjalananna, aya sababaraha organisasi anu ngarojong ogé ka pembentukan Kabupatén Bandung Kulon saperti Forum Peduli Bandung Barat, Forum Pemuda Bandung Barat, jeung Forum Bandung Barat Bersatu. Dina November 2002, Komite Pembentukan Kabupaten Bandung Barat (KPKBB) diadegkeun keur nyatukeun sora jeung gagasan sakabéh kelompok masarakat nu ngarojong pembentukan Kabupatén Bandung Kulon[11]. Salah sahiji puncak nyorakeun aspirasi pembentukan Kabupatén Bandung Kulon nyaéta démonstrasi KPKKB dina tanggal 7 Januari 2004 dina komplék Pemda Kabupatén Bandung. Ku kituna, Pamaréntah Kabupatén Bandung nerbitkeun keputusan nyieun tim teknis penataan Kabupatén Bandung anu dipupuhuan Drs. H. Abubakar, jeung ngajalin kerjasama jeung genep paguron luhur saperti Unpad, ITB, STPDN, UPI, Unpas, jeung Unjani dina rangka nata wilayah Kabupatén Bandung[12].
Dina kaberjalanan ngadegna Kabupatén Bandung Kulon, Pamaréntah Kabupatén Bandung nepikeun surat persetujuan pembentukan Kabupatén Bandung ti DPRD Kabupatén Bandung ka Gubernur Jawa Kulon, dilanjutkeun ka Kamenterian Jero Nagri[3][12]. Hasilna, dina tanggal 2 Januari 2007, Kabupatén Bandung Kulon resmi diadegkeun dina dasar Undang Undang No. 12 taun 2007 ngeunaan Pembentukan Kabupatén Bandung Kulon. Dina mangsa éta, Kabupatén Bandung Kulon ngawengku 15 kacamatan, nyaéta Kacamatan Lembang, Parongpong, Cisarua, Cikalongwetan, Cipeundeuy, Ngamprah, Cipatat, Padalarang, Batujajar, Cihampelas, Cililin, Cipongkor, Rongga, Sindangkerta, jeung Kecamatan Gununghalu. Dina tanggal 19 Juni 2007, Menteri Jero Nagri ad Interim, Widodo AS ngaresmikeun Kabupatén Bandung Kulon jeung ngalantik Drs. Tjatja Kuswara salaku Pejabat Bupati Bandung Kulon[12]. Anggota Déwan Perwakilan Rakyat Daérah Kabupatén Bandung Kulon dilantik dina tanggal 18 Oktobér 2007. Pamilihan Bupati Kabupatén Bandung Kulon kahiji diayakeun tanggal 8 Juni 2008, anu ngahasilkeun bupati jeung wakil bupati Kabupatén Bandung Kulon kapilih Drs. H. Abubakar, M. Si., jeung Drs. H. Ernawan Natasaputra, M. Si.. Kaduana dilantik dina tanggal 17 Juli 2008[12].
Dina taun 2021, jumlah pangeusi Kabupatén Bandung Kulon nyaéta 1.814.226 jiwa anu kasebar di wilayah salega 1.305,77 km² dina kapadetan pangeusi 1.389 jiwa/km². Rata-rata laju pertumbuhan jumlah pangeusi di Kabupatén Bandung Kulon ningkat ti 0,07% jadi 1,65% di taun 2021. Rasio séks atawa perbandingan pangeusi lalaki jeung awéwé dina taun 2021 nyaéta 104, nandakeun yén pangeusi lalaki di Kabupatén Bandung Kulon leuwih loba tibatan pangeusi awéwé[6]. Kacamatan Ngamprah, Padalarang, jeung Batujajar jadi kacamatan anu kepadatan pangeusina paling tinggi di taun 2021.[6]
Ékonomi
Perékonomian Kabupatén Bandung Kulon ditopang kana potensi dina séktor pertanian jeung pariwisata[15]. Dina séktor pertanian, rupa-rupa komoditas tani dihasilkeun tiap kecamatan jeung diperdagangkeun di Kabupatén Bandung Kulon saperti bawang, cabé, kentang, kol, tomat, jeung réa deui. Luas panén komoditas tani Kabupatén Bandung Kulon panggedéna aya dina jenis cabé jeung kol[6]. Dina bidang pariwisata, Kabupatén Bandung Kulon ngabogaan rupa-rupa déstinasi wisata di sabudeureun kabupatén. Tiap taunna aya sakitar opat nepi ka genep juta wisatawan anu datang ka Kabupatén Bandung Kulon. Stratégi Kabupatén Bandung Kulon dina ngawangun jeung mekarkeun poténsi pariwisata daérah salah sahijina ku ngarojong komunitas atawa kelompok masyarakat keur ngembangkeun poténsi wisata[15][16].
Atikan
Dina taun 2022, geus aya sakitar 681 SD, 203 MI, 183 SMP, 144 MTs, 60 SMA, 99 SMK, jeung 73 MA anu aya di Kabupatén Bandung Kulon[6]. Partisipasi pangeusi atikan Kabupatén Bandung Kulon aya dina 49,70% (tingkat SMA/SMK/MA) nepi ka 97,69% (SD/MI). Tingkat melék hurup masarakat Kabupatén Bandung Kulon aya di 99,29 nepi ka 100%, nandakeun tingkat literasi nu tinggi di kabupatén ieu[6].
Sababaraha sakola atawa paguron luhur anu aya di Kabupatén Bandung Kulon nyaéta:
Kabupatén Bandung Kulon ngagunakeun sababaraha jenis transportasi umum keur ngahubungkeun pangeusi di jero jeung luar kabupatén. Umumna, transportasi umum anu digunakeun aya angkutan kota (angkot) jeung karéta api.
Angkutan kota
Angkutan kota atawa disebut angkot mangrupa salah sahiji jenis transportasi umum anu biasa digunakeun di Kabupatén Bandung Kulon[17]. Transportasi umum ieu ngahubungkeun daérah nu aya di jero jeung luar Kabupatén Bandung Kulon. Trayék atawa jurusan anu disadiakeun di antarana[18]:
Padalarang - Cikalong Wétan
Padalarang - Cikalong Wétan - Cipeundeuy
Padalarang - Gunung Béntang
Padalarang - Panghéotan
Padalarang - Parongpong
Padalarang - Rajamandala
Cipeundeuy - Cirata - Plered
Cillin - Sindangkerta - Gununghalu
Cililn - Cijenuk - Baranangsiang
Lembang - Maribaya - Cibodas
Lembang - Cikawari
Lembang - Cikolé
Lembang - Cijéngkol
Lembang - Cibeusi
Lembang - Cisarua
Cikole - Tangkubanparahu
Stasion Karéta
Kabupatén Bandung Kulon ngabogaan hiji stasion karéta api tingkat I jeung 8 stasion leutik (tingkat III) anu beroperasi di sabudeureun kabupatén[19]. Salian ti stasion karéta api, Kabupatén Bandung Kulon bakal boga stasion high speedrail (HSR) anu bakal dioperasikeun ku PT Kereta Cepat Indonésia China[20]. stasion anu masih beroperasi nyaéta:
Di samping stasion karéta anu aktif, Kabupatén Bandung Kulon masih boga dua stasion nonaktif, nyaéta Stasion Rajamandala jeung Stasion Tagogapu. Dina kaberjalananna, dua stasion ieu direncanakeun bakal diréaktivasi keur operasi karéta api Kiansantang, ngan teu dilanjutkeun ku sabab prasarana anu kurang layak[21][22].
Sakabéh stasion ieu ngalayanan sababaraha karéta ti jero atawa luar Jawa Kulon. Karéta jeung jurusan anu ngaliwatan stasiun di Kabupatén Bandung Kulon nyaéta:
↑ abArrasyid, Riko (2014). Potensi Pengembangan Budidaya Karet (Hevea Brasiliensis) di Kabupaten Bandung Barat. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. pp. 4–5.