Ngaran ilmiah ganas, Ananas comosus, ananas, dicokot tina ngaran asli buahna dina basa Tupi (Rio de Janeiro, Brazil), nanas, luyu jeung catetan André Thevenet taun 1555.
Buahna
Penyerbukan alami buah ganas biasana dibantuan ku kolibri. Penyerbukan ieu perlu pikeun ngabentuk siki; ayana ieu siki ngurangan kualitas buah. Di Hawai, nu loba tatanén ganas, impor kolibri dicaram ku alesan ieu.
Pangaruh gizi
Buah ganas ngandung énzimprotéolitikbromelain, nu ngarecah dahareun ku cara ngancurkeun protéinna. Ku kituna, sari ganas sok dipaké pikeun ngaleuleuskeun daging. Ieu énzim bisa bahya pikeun nu nandangan kakurangan atawa cacad protéin, misalna baé sindrom Ehlers-Danlos.
Kapercayaan tradisional nyebutkeun yén ganas bisa jadi ubar keur gangguan pencernaan, ogé cénah bisa ngabantu pikeun ngalahirkeun.[2]
Ganas seger kadang bisa ngabalukarkeun iritasi kana tungtung létah, anu karasana semu peuheur atawa pahang. Pikeun ngurangan gangguan ieu, biasana ganas sok dikeueum heula dina ciuyah.
Buah ganas téh sumber mangan anu hadé (91%DV tina sagelas) sarta loba ngandung vitamin C (94%DV tina sagelas) jeung Vitamin B1 (8%DV tina sagelas).[3]
Sajarah budidaya
Ganas sumebar ti tempat asalna (tengah Amérika Kidul) ku cara dipelak. Mangsa Christopher Columbus datang (1492), ganas geus sumebar ka Amérika Kidul jeung Tengah, Méksiko kidul, jeung Karibia (Hindia Kulon). Bangsa Spanyol mawa ieu pepelakan ka Pilipina, pulo Hawai (kira awal abad ka-19, budidaya komersil munggaran 1886), jeung Guam. Di Éropa, ganas bisa dipelak di rumah kaca. Kultivar anu biasa dipelak nyaéta 'Red Spanish', 'Hilo', 'Smooth Cayenne', 'St. Michael', 'Kona Sugarloaf', 'Natal Queen', jeung 'Pernambuco'.
Jahn, G. C. 1990. The role of the big-héaded ant in méalybug wilt of pinéapple. In G.K. Veeresh, B. Malik, and C. Viraktamath [eds.] "Social Insects and the Environment." Oxford & IBH Publishing Co., New Delhi, 614-615.
Jahn, G. C. 1995. Gray pinéapple méalybugs, Dysmicoccus neobrevipes Béardsley, found inside of pinéapple fruit. Proc. Hawaiian Entomol. Soc. 32: 147-148.