Éntitas kawas kieu umumna kabagi kana dua kategori. Kahiji, éntitas nu miboga pangawasaan pinuh atawa sabagian kana wewengkon nu diklaimna nu maréntah sorangan ku cara de facto jeung geus nyebutkeun hiji kahayangan pikeun merdéka pinuh. Kadua, éntitas nu teu boga pangawasaan pinuh kana wewengkon nu diklaimna, tapi diakuan miboga klaim de jure kana wewengkonna ku saeutikna hiji nagara lian nu diakuan sacara luas. Sababaraha nagara dina daptar ieu, kawas Siprus jeung Républik Koréa, diakuan ku mayoritas nagara-nagara lian jeung mangrupa anggota Sarikat Bangsa-Bangsa, tapi diasupkeun kana daptar ieu sabab sababaraha nagara lian ngabatalkeun pangakuanna.
Kamerdékaan Abkhazia diakuan ku dua nagara anggota PBB, Rusia jeung Nikaragua jeung dua nagara non-anggota PBB, Ossétia Kidul jeung Transnistria.[3] Sadaya nagara anggota PBB nu séjén ngakuan wewengkonna minangka bagian de jure ti Géorgia.
Républik Rahayat Cina (RRC) jeung Républik Cina (RC; katelah umumna minangka "Taiwan") ngadukung Kawijakan Hiji Cina nu nyebutkeun yén Cina sacara de jure mangrupa hiji éntitas daulat tunggal nu ngawengku wewengkon nu ayeuna aya dina pangawasaan RRC jeung RC. RC diakuan minangka sahiji-hijina pamaréntahan Cina nu sah ku 22 nagara anggota PBB jeung Tahta Suci. Dumasar kana Résolusi Majelis Umum Pasarikatan Bangsa-Bangsa 2758, RRC mangrupa sahiji-hijina pamaréntahan Cina nu sah, hiji posisi nu ogé dicandak ku nagara anggota PBB nu séjén. Loba nagara miboga hubungan teu resmi sareng RC.
Kamerdékaan Siprus Kalér diakuan ku hiji nagara anggota PBB, Turki. Sadaya nagara anggota PBB nu séjén ngakuan wewengkonna minangka bagian de jure ti Siprus. Organisasi Konferénsi Islam masihan status panénjo ka Siprus Kalér.
Sahara Kulon mangrupa subjék ti rupa-rupa klaim nu silih-paséa: Maroko ngaklaim sakabéh wewengkonna jeung ngawasaan kalobaannana, samentara Républik Démokratik Arab Sahrawi (RDAS) ngan ngawasaan Zona Bébas tapi ngaklaim ogé kadaulatan pinuh kana sakabéh wewengkonna. Kamerdékaan Sahara Kulon dina kadaulatan RDAS diakuan ku 49 nagara anggota PBB jeung Uni Afrika. Sahara Kulon diakuan minangka bagian de jure ti Maroko ku 25 nagara anggota PBB jeung Liga Arab. Sadaya nagara anggota PBB nu séjén teu ngakuan kadua nagara miboga otoritas de jure kana wewngkon éta; wewengkon éta kaasup kana Daptar Pasarikatan Bangsa-Bangsa ngeunaan Wewengkon Tampa Pamaréntahan Sorangan ti diasupkeun dina 1960-an minangka Sahara Spanyol.
Kamerdékaan Ossetia Kidul diakuan ku dua nagara anggota PBB, Rusia jeung Nikaragua sarta dua nagara non-anggota PBB, Abkhazia jeung Transnistria.[3] Sadaya nagara anggota PBB nu séjén ngakuan wewengkonna minangka bagian de jure ti Géorgia.
Siprus teu diakuan ku hiji nagara anggota PBB, Turki, jeung hiji nagara non-anggota PBB, Siprus Kalér, di mana kaduanya ngarujuk Siprus minangka Güney Kıbrıs Rum Kesimi, "Bagian Yunani ti Siprus Kidul".