Basa Kawi nyaéta salah sahiji jenis basa anu pernahna tumuwuh di pulo Jawa dina mangsa karajaan-karajaan Hindu-Buda, dipaké pikeun nulis karya-karya sastra.[1]
Dina tradisi Jawa basa Kawi ogé disebut basaJawa Kuna, anu mangrupa basaJawa Kuna murni nu dipangaruhan ku Basa Sansekerta.[1]
Istilah kawi ogé miboga harti penyair, sedengkeun karya sastra anu dijieun ku penyair disebut kakawin, anu mangrupa wangun puisi sarta sajak.[1]
Basa Kawi mimiti dipikawanoh dina mangsa Karajaan Singasari di Jawa, sedengkeun anu leuwih anyar ditimukeun dina mangsa Karajaan Majapahit ogé di pulo Jawa jeung Bali, Kalimantan jeung Sumatera.[2]Basa tumuwuhna saluyu jeung tumuwuhna kahirupan manusa.[2]
kitu deui basa kawi, basa kawi anu digunakeun masarakat Jawa saprak abad ka-1 nepi ka abad ka-15.[2]
Dina abad ka-1 nepi ka abad ka-6 masih kénéh dina tutur lisan.[2]
Basa Kawi kapangaruhan ku Basa Sanskerta nepi ka 45%.[2]
Mulai abad ka-7 nepi abad ka-15 basa Kawi dipaké dina basa lisan boh tulis.[2]
jadi ti mimiti abad ka-16 nepi ka ayeuna anu dipaké nyaéta Basa Jawa kiwari anu mangrupa pengembangan tina basa kawi.[2]