Basa Betawi atawa Melayu Dialék Jakarta atawa Melayu Batavia (bew) (Aksara Sunda Baku: ᮘᮞ ᮘᮒᮝᮤ) nyaéta salah sahiji basa anu mangrupa basa ti Melayu. Mararehna anu ngagunakeun basa ieu disebut urang Betawi. Basa ini hampir saumur jeung ngaran daérah tempat basa ieu dikembangkeun, nyaéta Jakarta.
Basa Betawi nyaéta basa kreol (Siregar, 2005) anu didasarkeun dina basa Melayu Pasar ditambah jeung unsur-unsur basa Sunda, basa Bali, basa ti Cina Kidul (utamana basa Hokkian), basa Arab, sarta basa ti Eropa, utamana basa Walanda jeung basa Portugis. Basa ieu mimitina dipaké ku kalangan masyarakat mangengah ka handap dina masa-masa awal parkembangan Jakarta. Komunitas budak sarta padagang anu paling sering ngagunahkeun. Sabab barkembang sacara alila, euweuh struktur baku anu jelas ti basa ieu anu ngabedakeun ti basa Melayu, lantaran aya sabaraha unsur linguistik diciri anu bisa dipaké, misalna ti sakabéh awalan me- (sapetos halna basa Melayu, kaasup basa Indonésia), panggunaan akhiran -in (sarua saperti basa Bali), sarta ngalihan bunyi /a/ dibuka di akhir kecap jadi /e/ atawa /ɛ/ dina sabaraha dialék lokal.
Kosakata basa Betawi
Basa Betawi
Basa Sunda
bawaan
siape/sape
saha
ape
naon
gimane
kumaha
nape
kunaon
ade
aya
aje
wungkul
gue/aye
abdi/kuring
elo/lu
manéh/anjeun
langgar
Masjid
atu
hiji
cawan
gelas
tisi
sendok
emang
memang
kagak
teu
kayak/kek
sapertos
bagen
biarkeun
congor
beungeut
gringsangan
teu bisa cicing
babe
bapa
enyak
ema
encang
kakang bapa/ema
engkong
aki
Nyai
Nini
Empok
Tétéh
Abang
Kakang
encing
adina bapa/indung
Tauke
Majikan/Panguasa
centong
sendok nasi
centeng
Penjaga
syahi
teh
Pangkeng
kamar tidur
gulem
mendung
bupet
laci
kempek
tas
ponten
nilai
bikin
jieun/nyieun
iye
nuhun
danta
jelas
bego
bodo
songong
sombong
Tokoh
Tokoh-tokoh basa Betawi modérn:
Firman Muntaco, anu kawentar carpon/artikel di koran taun 1960an nepi ka 1980an
Ganes TH., anu kawentar komik "Si-Jampang: Jago Betawi" anu eusina basa batawi, taun 1965an
Benyamin Sueb, anu kawentar peranan film-film anu genre "basa Batawi", taun 1970an
Sjumandjaja, anu kawentar kalawan sutradara film "Si Doel: Anak Betawi", taun 1970an
Bacaan
Sakabéh tokoh di luhur nyumbang kana SASTRA ANYAR, nyaéta "Sastra Betawi" (Betawi Literature). Jadi tokoh sastra akademik anu perjuangkeun "Sastra Betawi" nyaéta:
K. Ikranegara (1980). Melayu Betawi Grammar. Linguistic Studies in Indonesian and Languages in Indonésia 9. Jakarta: NUSA.
S. Wallace (1976). Linguistic and Social Dimensions of Phonological Variation in Jakarta Malay. PhD. Dissertation, Cornell University.
Klarijn Loven (2009). Watching Si Doel: Television, Language and Cultural Identity in Contemporary Indonesia, 477 halaman, ISBN 90-6718-279-6. Penerbit: The KITLV/Royal Netherlands Institute of Southéast Asian and Caribbéan Studies at Leiden.
Lilie M. Roosman (April 2006). Lilie Roosman: Phonetic experiments on the word and sentence prosody of Betawi Malay and Toba Batak, Penerbit: Universiteit Leiden
Buku-buku anu jadi patokan "Sastra Betawi" nyaéta: