Dina lingkup filosofi, sawangan yén dunya materil sarupaning atom, sasatoan, graviti, béntang, angin, mikroba, jsb. sabenerna aya sacara mandiri anu leupas tina pangaruh urang. Nu kitu disebutna réalisme, sabalikna ti idéalisme.
Nu alami jeung nu artifisial
Mindeng dibédakeun antara "alami" jeung "artifisial" (="jieunan manusa"). salah sahiji cara ngabédakeunana nyaéta ku ngiwalkeun pikiran tina widang alami. Cara séjén nyaéta lain ukur ku ngiwalkeun pikiran, tapi ogé ku ngiwalkeun manusa jeung sagala pangaruhna. Dina dua cara ieu, wates antara alami jeung artifisial hésé pisan diguratkeunana (tempo mind-body problem).
Sababaraha urang percaya yén masalah ieu paling hadé disingkahan ku nyebutkeun yén sagalana alami. Tapi lamun sagalana disebutkeun alami, konsép "artifisial" geus teu bisa deui diécéskeun. Dina sagala kajadian, ambiguitas ngeunaan béda antara "alami" jeung "artifisial" ngawangku widang seni, literatur jeung filosofi.