Aksara Buda disebut ogé Aksara Gunung nujul kana sesebutan aksara anu dipaké kira-kira abad 13 nepi ka abad 16 M dina naskah-naskah lontar buhun nu kapanggih ti lamping gunung Merapi-Merbabu, Jawa Tengah,[1] jeung pikeun aksara anu dipaké dina naskah gebang ti Jawa Kulon.[2] Wangunna deukeut kana aksara Kawi. Sesebutan "aksara buda" dipaké lantaran naskah-naskah nu ditulis ku aksara ieu réréana ditulis atawa disalin dina jaman pra-Islam, atawa ku urang Jawa disebut "jaman buda".[3][4][5] Disebut "aksara gunung" lantaran naskah-naskahna kapanggih di salah sahiji wewengkon lebah lamping gunung Merapi-Merbabu.[3][4][5]
Pacorok Ngaran
Sesebutan aksara Buda muncul tahun 1817 dina buku The Hisotry of Java karya Thomas Stamford Rafles.[6] Satuluyna, aksara Buda atawa aksara Gunung dipedar ku Casparis (1975).[2] Dumasar kana ulikan pustaka, ngaran aksara Buda atawa aksara Gunung bisa nujul kana dua modél aksara, nyaéta aksara anu dipaké dina naskah-naskah lontar tina koléksi Merapi-Merbabu di Jawa Tengah,[1] jeung pikeun aksara nu dipaké dina naskah-naskah gebang nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon.[2] Perlu dicatet di dieu yén téks Arjunawiwaha[7][8] jeung Kunjarakarna[9] téh aya dina sababaraha naskah. Naskah-naskahna aya anu ditulis dina modél aksara Buda Merapi-Merbabu, aya ogé nu ditulis maké modél aksara Buda ti Jawa Kulon.[10]
Modél Merapi-Merbabu
Aksara Buda dipaké pikeun nyebut modél aksara nu dipaké dina naskah-naskah anu kapanggih di lamping gunung Merapi-Merbabu. Kiwari naskahna disimpen di Perpustakaan Nasional RI. Wangunna has, béda upama dibandingkeun jeung aksara Jawa atawa Bali. Naskah-naskah tina koléksi Merapi-Merbabu anu maké aksara ieu antarana Darmawarsa,[11]Gita Sinangsaya,[12]Kakawin Sutasoma,[13] jeung Kunjarakarna.[9] Kabéhanana ditulis maék basa Jawa Kuna. Iwal ti éta, aya hij naskah anu asalna ti Pekalongan kalawan maké aksara modél ieu, tapi eusina maké basa Sunda Kuna, nyaéta naskah Kala Purbaka.[14] Hiji naskah nu maké modél aksara ieu kapanggi di wewengkon Buléléng, Bali taun 2019.[15] Téks anu ditulis ku aksara ieu umumna ihwal kaagamaan Hindu-Buddha jeung kapercayaan lokal, tapi dina sababaraha bagian nyebutkeun anasir kaagamaan Islam.[16]
Model Jawa Kulon
Rupa-rupa sebutan ngaran pikeun aksara ieu geus ditétélakeun ku ahli aksara buhun, antarana K.F. Kolle (1877), nyebutna téh minangka aksara Jawa Kuno, Pigeaud (1968) nyebutna minangka aksara "kandel semi kursif Jawa Kulon", ari Casparis nyebutna minangka aksara Buda atawa Gunung.[2] Kateusarageman pikeun nyebutkeun ngaran ieu aksara téh dipedar ku Andrea Acri dina disetasina waktu ngabahas naskah Dharma Patanjala.[2] Naskah anu digarap ku anjeunna téh kalacak asalna tina koléksi Merapi-Merbabu, tapi leuwih jauh anjeunna ngira-ngira yén asalna mah éta naskah téh ti Jawa Kulon, nyaéta tempat tradisi nulis naskah gebang anu leuwih mekar.[2] Ku kituna anjeunna nyieun deui hiji alternatif sebutan husus pikeun aksara anu dituliskeun dina daun gebang, nyaéta "aksara Jawa Kuna Kulon" (Western Old Javanese Script).[2]
Modél aksara Buda nu asalna ti Jawa Kulon dituliskeun dina daun gebang (saméméhna disebut nipah), maké mangsi hideung organik.[17] Gaya anu dipakéna nyaéta ipis-kandel. Naskah-naskah anu maké aksara modél ieu ti antarana aya anu maké basa Jawa Kuna, saperti Sang Hyang Hayu, Dharma Patanjala, Arjunawiwaha, Candra Karana jeung Bhima Swarga.[4] Iwal ti éta, aya ogé naskah-naskah anu eusina maké basa Sunda Kuna, saperti Sang Hyang Siksa Kandang Karesian, Sang Hyang Raga Déwata, Sang Hyang Tatwa Ajnyana, jeung Langgeng Jati.[4]
Kakawin Arjunawiwaha anu maké aksara Buda modél Jawa Kulon nyaéta naska pangkolotna nu aya di kieuna, ditulisna taun 1344 M, asalna ti wewengkon Bandung.[7][8][10] Dina panalungtikan Van der Molen, naskah Kunjarakarna koleksi Perpustakaan Universitas Leiden kode LOr 2266 anu ditulis ku aksara Buda modél Jawa Kulon boga ajén katalitian nulis anu pangpunjulna dibandingkeun naskah-naskah Kunjarakarna séjénna anu ditalungtik ku anjeunna.[9]
↑ abcdAtep Kurnia, Aditia Gunawan (2019). Tata Pustaka: Sebuah Pengantar terhadap Tradisi Tulis Sunda KUna. Jakarta: Perpustakaan Nasional RI & Manassa. ISBN9786232002456.