Akar nyaéta bagian tutuwuhan pikeun anu awakna geus mangrupa kormus.
Sipat-sipat akar:
mangrupa bagian tutuwuhan anu biasana aya dina jero taneuh, sarta tumuwuhna nuju ka puseur bumi (géotrop) atawa nuju ka cai (hidrotrop), ninggalkeun hawa jeung cahaya.
henteu ruruasan sarta henteu ngandung daun atawa sisit atawa bagian-bagian lainna.
pikeun nyerep cai sarta zat-zat kadaharan anu puyar dina jero cai dina taneuh.
ngunjalan cai sarta zat-zat kadaharan anu geus diserep ka tempat-tempat dina awak tutuwuhan anu merlukeunana.
sakapeung minangka tempat paragi numpukeun kadaharan.
Macem akar
Sacara umum, aya dua rupa akar nyaéta:
Akar serabut. Akar ieu ilaharna aya dina tutuwuhan monokotil. Sanajan sakapeung, aya tutuwuhan dikotil ogé nu mibandaana (kalayan catetan, tutuwuhan dikotil kasebut dipelakkeun ku cara cangkok, atawa sték). Guna utama akar serabut nyaéta pikeun ngukuhkeun nangtungna tutuwuhan.
Akar tunggang. Akar ieu umumna aya dina tutuwuhan dikotil. Guna utamana nyaéta pikeun nunda kadaharan.
Robahan akar
Akar hawa. Akar naék ka luhur taneuh, hususna ka luhur cai kawas dina genera Mangrove (Avicennia, Soneratia).
Akar gantung. Akar sapinuhna aya di luhur taneuh. Akar gantung aya dina tutuwuhan epifitAnggrék.
Akar banir. Akar ieu réa aya dina tutuwuhan wanda tropik.
Akar pangiseup. Akar ieu aya dina tutuwuhan wanda parasit kawas benalu.
Sesebutan husus pikeun akar
Akar pancer: akar lulugu atawa akar poko nu terus ka handap.
Akar mayang: dahan-dahan laleutik tina akar pancer.
Beuti: akar anu ngabenggul sarta dagingan.
Canir: akar nu rubak nyéréngkébéng (upamana caringin, kiara).
Jangkar: akar nu témbong luhureun taneuh.
Rujukan
Hidayat, Rachmat Taufik, spk., Peperenian Urang Sunda, Kiblat, Bandung, 2005.
Strategi Solo vs Squad di Free Fire: Cara Menang Mudah!